ngadahar bonteng jeung kurupuk teh ngarana naon nya ?
teuing atuh...
cik taroskeun ka si Jay..
hi hi


-dul-


--- In [email protected], hidayat sutrisna 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> kang doel,
>   ari ngadahar bonteng jeung kurupuk, naon ngarana?
> 
> ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>           "maneh apal kana bonteng ?"
> "apal.."
> "osok ngadahar ?"
> "enya osok, sakapeung dahar teh nepi ka tilu opat siki"
> "kumaha karasana ?"
> "ah..seubeuh we..."
> "ih maneh mah..."
> "haaar...nya heueuh atuh, emangna kudu kumaha ?"
> "lain...maksud teh bontengna, rasana kumaha ?"
> "ari maneh kungsi teu ngadahar bonteng ?"
> "nya kungsi.."
> "ari kungsi mah pasti apal, naha bet nanya deui ka uing ?"
> "nya sugan we beda.."
> "beda kumaha ?"
> "bisi we ku maneh mah karasa asin..."
> "heueuh da bari ngorong.."
> "ih maneh mah kamana karep wae.."
> "heueuh da maneh atuda nu ngamimitian.."
> "lamun kurupuk apal teu ?"
> "apal atuh, tiap dahar ge sapopoe make kurupuk..."
> "ari dahar bonteng jeung kurupuk, kungsi acan ?"
> "enya, kungsi.."
> "kumaha karasana ?"
> "nya ngeunah..."
> "cik, apal teu nu nyieun bonteng..?"
> "hmmm...apal atuh"
> "saha ?"
> "Gusti Alloh..."
> "heueuh, sinarieun ngajawabna jejeg..."
> "ih, uing tea ateuh...kieu-kieu ge uing teh kungsi di pasantren 
> aya 2 taun mah.."
> "euleuh...kutan ? masantren eta teh ?"
> "lain..milu gawe jeung kang Juned basa nyieun masigit..."
> "ih, sugan teh milu masantren.."
> "enya eta ge, bari ngaduk teh bari ngadengekeun mama ajengan mere 
> piwuruk.."
> "hmmmm...sukur atuh aya saeutik-eutikeun nu asup kana uteuk maneh"
> "enya.."
> "Trus..ari nu nyieun kurupuk apal teu ?"
> "apal atuh, mang Sardi urang Cibingbin"
> "ning apal ?"
> "apal da tatangga uing, naha kitu ?"
> "yeuh...bisi panggih jeung Mang Sardi, bejakeun...
> kurupuk diwarung uing geus beak.. kiriman deui kituh nya...!"
> "Ih, ari maneh Jay ! rek nyarita kitu wae teh, jauh-jauh kana 
> bonteng atuh ?"
> "bae atuh.."
> "lain, cik atuh nyarita teh tu de poin, ulah kukurilingan heula.."
> "bae atuh.."
> "lain...matak lieur uing.."
> "bae atuh.."
> "bedul siah..."
> "bae.."
> "geus ah !"
> 
> -dul-
> tukang teuing
> 
> 
> 
>          
> 
>        
> ---------------------------------
> Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
>  Check outnew cars at Yahoo! Autos.
>


Kirim email ke