Ari masalah sumpah mah, lain ungu wungkul nu sok salah kaprah. Bandungan we, teu arang aya nu nyebatkeun "Demi Alloh Demi Rosululloh" Saleresna ari sumpah mah kedah ka sang khalik, sanes ku makhlukna (Rosul). Janten pami kitu mah, sumpah-na teh mangerankeun ka rosul, atuh meureun teu beda jeung nyembah yesus..
Ahh.. duka ketang, ieu mah ceuk kuring nu can kungsi ngalaman masantren.. Wassalam, iwan ----- Original Message ----- From: Om TEDDY To: Urang Sunda Sent: Tuesday, May 01, 2007 1:36 AM Subject: [Urang Sunda] Umroh jeung UNGU "UNGU ngajakan umroh, euy. Syaratna henpon urang make NSP lagu manehna." "Moal, ah... Sieun kabawa apes.." tembal Ki Sobat bangun nu teu sumanget. "Apes? Emang kunaon, nyah? Pedah mineng teuing rusuh dina konserna?" tanya kuring. "Lain eta maksudna. Om terang lagu 'Demi Waktu'-na?" "Heu-euh.. Emang kunaon, nyah? Da ngeunaheun atuh. Mantak rea nu resepeun." "Bener ngeunaheunna mah. Tapi eusina. Coba lenyepan! Aya ku wanian susumpahan ka kabogoh make 'Demi Waktu'. Pan nu boga hak sumpah kitu mah ngan Allah SWT wungkul. Jadi manehna siga nu hayangeun nyaruaan Allah. Cikan naon bedana jeung Fir'aun? Mantak kuring mah kajeun teuing ngeunaheun teu resep kana lagu eta, Asa palaur ngadengekeunna oge. Paur kabawa hate. Terang meuereunan siga kumaha antek-antek Fir'aun ku Gusti Allah diancurkeunna?" "Mun kitu mah sarua atuh jeung lagu dang dut nu aya syairan 'demi langit dan bumi'?" kuring nanya. "Bener, Om... sayah mah rada palaur ngadengekeunna. Mantak sing ati-ati mun ngadengekeun lalaguan jaman ayeuan. Kira-kira si Om satuju, teu kana pamadegan kuring?" kituna teh peneuteupna pinuh tumanya kana panon kuring. "Sigana mah UNGU teh hayang nurutan Raihan, 'Demi Masa', meureunan manehna teu nyahoeun ngalarapkeunna. Tuluy dipake kana lagu slow pop." kuring mere komentar. "Duka ari cukang lantaranna mah. Tapi sigana oge, ceuk sayah mantak loba konser manehna nu mineng rusuh teh mangrupakeun 'tegoran' ti Gusti Allah. Mudah-mudahan wae ieu mah tegoran lain 'Azab'. Soalna ceunah kaset jeung CD-na lagu eta teh laku pisan." Om TEDDY Satria Ganteng Penegak Keadilan -------------------------------------------------------------------------------- Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check out new cars at Yahoo! Autos.

