Heheh*Kang Asep nuhun pujianana sareng kaangge mah. Hatur lumayan, sasieureun 
sabeunyeureun babagi elmu, da mung sakitu geuning buktosna katiasa abdi.
Ping 13 Mei 07 aya acara jalan santai di STV nu diwawarkeun ku Aang presenter 
acara Bandung Teaaa*(hanjakal teu tiasa ngiringan...) ieu ge acara kameumeut 
abdi*.Ih, ni seueur nya acara kameumeut teh? ah, nu penting mah sanes sinetron 
atanapi gozip! Maklum tuda, sadidinten tos uih kuli teras we janten Korem alias 
Komandan Remot atanapi "anak nongkrong" payuneun TiPi*heheh* 

ro2
anaknongkrong
 
Re: [Urang Sunda] Si Kabayan ala Achdiat K. Mihardja 
 
Teh Roro anu bageur pisan,

Hatur rewu nuhun kanggo waktos sareng tanagina medar "Si Kabayan" ala Achdiat 
K. Mihardja kalayan cekap panjang lebar; henteu panjang teuing, henteu lebar 
teuing.

Janten panasaran hoyong terang acara Si Kabayan di STV. Engke upami ka Bandung 
bade nyobi milarian kanal STV, mudah-mudahan pas dina waktos tayang acarana.

Salamna,
Asep
 

Kirim email ke