haturan ki Djakaria. punten ngaakikeun. da simkuring mah asup ka kategori
sapertilu tungtung 20-an taun keneh ;) jeung punten deui upama basa sikuring
cologog. cek batur mah malah basana kasar cenah, lain embung make basa nu
cenah lemes. lain embung deuih ngahurmat saluhureun, komo ieu pantaran aki
kuring ku basa nu lemes. ieu mah ukur sakabisa kuring pikeun kampanye teu
kudu era make basa nu cenah loma. sikuring sering pisan, boh di dieu atawa
di tempat sejen, maca jeung ngadenge cenah era make basa sunda, sieun kasar.
nya di dieu, di dunya maya pisan cek sikuring tempat nu merenah pikeun
miceun eta kasieun. di dieu urang teu bisa nembongkeun kakolotan umur urang
jeung batur ngobrol urang. di ieu tempat mah umur geus teu jadi variabel nu
penting, malah geus bisa disieuhkeun pisan. najan sikuring can bisa
konsisten. komo lamun nu diajak gunem catur di ieu milis kungsi paamprok di
darat.

tah bisi sikuring salah harti. simkuring teh can tiasa nangkep naon
nudipikahoyong ku aki. maksudna misah-misah dumasar umur teh kumaha?

nuhun jeung hampura saacanna

dh

On 5/1/07, Djakaria Purawidjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Ka urang Sunda,
Sababaraha poe ieu teu weleh meunang informasi anu marunel ti urang sunda
group. Jadina bisa nyaho kana perkembangan masyarakat urang sunda dina
danget ieu. Hal ieu moal dileuleungtkeun sarta rek tuluy dimontor, malah
sakali kalieun tangtu milu ngalokan anu kira kira bisa dialokan. Dina olah
raga kadang kadang sok aya kelas kelasna dumasar katagori umur. Kumaha aya
rencana milah milah tapi lain hartina misah misah?
Rupina sakieu heula ti sim kuring. Keur panambah informasi, sim kuring tos
lebet kana " the fading generation", tapi kana kasundaan mah moal nepika
"ngahiang = terjemahan tina Fading". Lamun kelas umur 65 - 70 taunan, naha
aya katagori ieu? Wass DP.

------------------------------




--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke