Haturan kang Dudi,
Duka tah leres henteu na mah, da pribados mah nguping kecap tuang bumi teh
dina pupuh Purnama Alam (upami henteu lepat) waktos ditembangkeun di RRI
Bandung dina taun 90-an, kaleresan harita teh direkam ku pribados, teras
dihariringkeun puluhan kali, janten henteu hilap-hilap dugi ka ayeuna. Kieu tah
rumpaka pupuhna teh:
Ari raden dimana nya tuang bumi?
Lamun nageri kasebat nagri mana?
Sareng deui kakasih raden teh saha?
Jisim abdi lunta ti nagri
Sim abdi diudag ku jalmi
Jst. ....................
Duka tah upami tuang toong, leres henteu, nya? he he
Salamna,
Asep
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: On
4/27/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Emut kapungkur kantos belajar bersama sareng Mamat di tuang bumi dina persiapan
ujian kalulusan SMA.
--
haturan kang asep, ieu mah sugan bener. upama salah pangbenerkeun.
tuang nu nuduhkeun "boga anjeun" mah jigana ukur keur manusa. teu bisa upama
dilarapkeun ka barang atawa sato. jiga cek kang kumi, bumi mah memang dijieun
keur anjeun. cara rorompok nu dijieun keur kuring. ari gogobrog boga dewek
haha..
sugan,
--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.