Disimpulkeun wae ku pribados, nya? Kasimpulannana:
Henteu aya kecap dibuhangasan. Eta mah lepat ngadangu, frase di buah
hangasa kadanguna dibuhangasan.
Ngeunaan buah hangasa, aya info tambihan ti kang Dudi, aki Tatang Sariman,
sareng kang Dudin sapertos di handap ieu:
Buah hangasa disebat-sebit dina dongeng Sakadang Monyet jeung Sakadang
Kuya.
Buah hangasa kaluar tina sela-sela tangkalna, dina taneuh, rupina hejo
anu ngorana, pami tos asak rupi luarna coklat. bentukna lonjong sapertos
kembang cau (jantung) aya lapis-lapis luar dugi ka lebetna. diantawis
lapisan aya buahna mangrupi bungkusan aralit nyarelap/naranceb, di lebetna
aya siki-siki anu amis pisan tur seungit. Sakitu pangalaman aki nuju alit
kapungkur.
Buah hangasa dibudidayakeun di pulo Jawa, India sareng Cina kanggo
dituang pon kitu kanggo landong.
Case closed.
Salamna,
Asep
Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Bangkong di kongkorong kujang
Kacai kundang cameti
Da kole, kole dibuah hanggasa
Ulah ngomong memeh leumpang
Da hirup
hirup katungkul ku pati
Paeh teu nyaho di mangsa
Hirup kudu ati-ati
Ngajaga lampah jeung basa
asana mah kitu ..........
sigana buah hanggasa mah sabangsa buah we .....
On 4/26/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Wilujeng Enzing,
Dina salah sawios lagu panambih dina tembang cianjuran anu dihaleuangkeun ku
teh Ani sukmawati sareng kang Bejo, aya kecap "dibuhangasan". Manawi aya anu
uninga, bade tumaros, naon hartosna "dibuhangasan" teh. Tah ieu rumpaka
tembangna:
Bangkong di kongkorong kujang
Kacai kundang cameti
Da kole, kole dibuhangasan
Ulah ngomong samemeh ngemplang
Da hirup katungkul ku pati
Paeh teu nyaho di mangsa
Hirup kudu ati-ati
Ngajaga lampah jeung basa
Nuhun sahenteuacanna kanggo walerannana.
Salamna,
Pun Asep
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.