Bewara! Mimiti poe ieu, 'Tepas' Wikipedia edisi basa Sunda pindah rupa. Nu diarah taya lian sangkan pidangan di Tepasna leuwih dinamis (najan kakara kabedag sabulan sakali).
Kabungah nu sejen, nyaeta sacara statistik Wikipedia Sunda geus boga leuwih ti sapuluh rebu artikel, sahingga unggah darajat kana kelas Wikipedia nu jumlah artikelna 10000+. Tangtos, kakirangan mah kalintang seueurna. Upami hoyong ningal basa Sunda nanjung sadarajat jeung basa2 lianna di sakuliah dunya (sahanteuna di Wikipedia), mangga, kum ka sadayana, diantos pisan ilubiungna ngokolakeun Wikipedia Sunda. -- sikandar su.wikipedia.org www.urang-sunda.or.id

