Ah de diwilujengkeun. Kabiasaan didieu mah nembe ari aya wanoja 
enggal paheula2 kapayun :P

Rampess kang Dini, manawi teh muhun istri sihoreng pameget. 
Nepangkeun abi Iva, istri tulen, dumuk di bandung. Eh geuning sami 
sareng teh evi ti tasik oge. Sakantenan nepangkeun kanggo teh evi. 
Mangga mugi sing baretah.
Perkawis informasi sanesna mah panginten disambung dina YM atawa 
japri bae....heuheuheu (cicing kang bohay ulah sirik nya)


Neng Iva


--- In [email protected], dini danial <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> sampurasun,
> salam baktos kasadayana, bade nepangkeun, simkuring anggota enggal 
di milis urang sunda. Nami simkuring Dini Danial Sudrajat (seueur 
anu nyangki istri, tapi pameugeut asli yeuh).
> Kawit mah ti tasik mung ayeuna nuju di negara kincir angin ( 
holand) nuju sakola deui saurna mah, kaleresan sim kuring teh abdi 
negara/rakyat atanapi PNS tea.
> 
> sakitu heula ti simkuring, bilih masih keneh peryogi informasi nu 
sanesna, ke urang di sambung deui
> 
> mangga kasadayana
> Jajaka Ogo
> 
>        
> ---------------------------------
> Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
>  Check outnew cars at Yahoo! Autos.
>


Kirim email ke