Yeuh pami teu lepat mah aya cariosan anu netelakeun yen urang ulah ngangkat
pamimpin anu merekedeweng manehna hayang jadi pamingpin tinangtu eta teh aya
pamrihna.Tapi angkat bae pamingpin nu kuurang sorangan geus kanyahoan
kwalitasna sapopoena mun manehna bisa dijadikeun pamimpin.
WAG
irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kuring mah rada sieun euy.
sieun na teh kieu.
NGaran-ngaran pilkada kan butuh biaya.
Sabaraha beunghar sih Pa Ucep teh?
sanggup teu ngabiayaan pilkada di tilu tempat?
kasieun kuring mah, pa ucep meunang dukungan biaya ti sababaraha pihak.
ngan pasti eta dukungan teh disertai ku syarat-syarat tertentu.
isuk jaganing geto lamun pa ucep jeneng jadi Bupati, eta syarat bakal ditagih.
Hag siah, rahayat rek dikamanakeun?
Geus kacontoan ku SBY, anu didukung ku pengusaha saperti Bakri jeung Jusuf
kalla.
Ayeuna pamarentah rek ngaberlakuken aturan anyar PHK tanpa pesangon, anu ceuk
kuring mah ngan nguntungkeun pengusaha.
terus deui kasus lapindo, pamarentah teu bisa menta ka Bakri sangkan mayar
ganti rugi.
Da duit mah boga bakri oge,
buktina bisa meuli perusahaan anyar.
tapi geuning daripada dipake nulung nu sangsara, bakri teh ngagunakeun duitna
pikeun memperkaya diri.
Mana pemerintahan SBY nyisikudi?
moal wanieun, da rumasa bareto basa rek jeneng didukung ku para pengusaha tea.
Nu matak ka pa ucep ge kuringmah cangcaya.
meni keukeureuweud kitu.
kuringmah hariwang bisi siga nu enggeus-enggeus.
On 5/2/07, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ih, saha nu nyalahkeun?....Pan nembe terang ayeuna ti Kang Agus salaku
"Jubir" yen Kang Ucep teh alih-alihan
manawi teh unggal wewengkon
ngiringan
kahartos atuh ari kitu mah.
Sapuk, nu pentingmah tiasa janten pamingpin nu nyepeng amanah, tiasa janten
panutan tur ngamajengkeun rahayatna. Didu'akeun Kang Ucep, mugia sing lancar.
Wios, nyalon di Garut mah bagean abdi. Da kieu-kieu ge abdi aya keneh trah
Garut, piduana we baraya
.
Nyalon = Muka Salon
heheh.
ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 05/01/07 07:49PM >>>
dimana wae sami lah nu penting tanah sunda
tanah sunda kudu ku urang sunda pamimpinan..
sok we rek di unggal daerah oge nu penting bener mun geus jadi
kieu goreng na urang sunda.. lain didukung aya dulur hayang maju teh..
kalah di salahkeun dumeh pindah unggal daerah di jabar
ceuk kuring alus malah... sugan kahreup jadi RI 1 pan teu di kenal di garut
waungkul
sa jabar apal
ceuk kuring kang ucep nyalon di bekasi dumeh harita dines di kodam jaya pan
langkung gampil mobilisasina
teras di alihkeun ka pusdik gurmil dicamhi
pas di cimahi aya pilkada
piraku rek cicing hudang urang sunda
di garut ncan waktuna...
teu pa ucep nya kang irpan we.. asal ulah AS
acnur.. lobo teuing poto unggal pengkolan AS mah
Messages in this topic (0) Reply (via web post) | Start a new topic
Messages | Files | Photos | Calendar
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch format to
Traditional
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com