> From: "Gunawan Yusuf Miarsadireja" <[EMAIL PROTECTED]> > Mun nalungtik pasualan kieu teu gampang ku sabab urang > kedah maluruh heula sajarah Islam, sedengkeun urang > tos selisih 15 abad jeung kanjeng Nabi,
Tah kulantaran teu gampang, nu matak Sajarah teh kaasup kana "Elmu Pangaweruh". Saperti umumna dina elmu pangaweruh, dina Sajarah ge teu aya nu mutlak-mutlakan, kudu bener 100%. Hiji kacindekan (kasimpulan) dina Sajarah bisa jadi bahan paadu-renyom deui lamun kapanggih bukti-bukti anyar. Perkawis Kangjeng Nabi teu tiasa maca/tulis atanapi tiasa, kumaha urang ningalina, bade ditingali tina tempoan (prespektif) sejarah atanapi tina ideologi/ akidah. Upami ditingali tina tempoan ideoolgi/ akidah, memang ieu jadi masalah, sapertos nu disebat ku Aki Tams (Aki Tatang Sariman) sareng nu sanesna, nyebatkeun Kangjeng Nabi henteu buta huruf, tiasa ngajantenkeun aya tuduhan ti luar Islam, Kangjeng Nabi teh niron tina Kitab2 sateuacan Al Qur'an. Jadi kuring ngartos pisan teu satujuna kana pamandegan yen Kangjeng Nabi teh henteu buta huruf. Tapi, tina tempoan elmu pangaweruh (sajarah), bukti nu disodorkeun ku buku Syekh Al-Maqdisi, yen kecap "ummi" teh ngandung hartos henteu unik (henteu tunggal, hartosna bisa butahuruf , bisa oge non Yahudi), jadi ngondang paadu-renyom deui jeung narik deui keur ditalungtik naha kancindekan Kangjeng Nabi teu tiasa maca/tulis teh leres atanapi henteu. Tangtos we, ieu teu salah dina prespektif elmu pangaweruh mah, sabab ari pangaweruh mah sifatna dinamis, henteu statis. Ceuk kuring mah, ieu salah sahiji conto, kumaha hesena ngahijikeun tempoan ideologis jeung tempoan Elmu Pangaweruh. Conto nu sejenna .....kungsi dipadundengkeun di Kusnet, soal teori Evolusi nu ceuk tempoan ideologis mah, ieu teori teh bangkawarah pisan ..... Baktos, WALUYA

