Muhun atuh Mang...Hatur nuhun.
ke dibejakeun ka Kuwuna.

Kuwu nu ieu mah teu beunghar, mung bapana kungsi janten
kuwu sabaraha periode. Kitu deui akina.
kuwu nu samemehna mah mamangna, mung teu baleg. loba
ninggalkeun hutang, malah mah sawah bengkok ge digade-keun
nepi ka mangtaun-taun. Jadi kuwu nu ayeuna nembe nampa
sawahna teh sataun deui. hi hi
karunya....

Basa keur ngobrol ge, kirining...hape-na disada.
"Wu..ieu loba muatan...nu narikna saeutik! kadieu atuh !"
nu nelpon teh babaturanana.

mun beurang make seragam kebesaran Kuwu, bada isya sok
ganti kostum, jeans jeung Jaket kulit. Tuluy ngojeg
di wewengkon sejen. profesi nu geus dilakonan samemeh
jadi kuwu.

"Kajeun da halal ieuh", cnah...

-dul-
tukangteuing


--- In [email protected], "kamalinaan" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> di Kuningan nya.
> 
> yp ayeuna gaduh kencleng genep jutaan langkung saeutik. (rp 6.3jt)
> rencana memang aya kanggo beasiswa. teh mun saurang 50 rebu 
sabulan, 
> nya yp nembe kuat 5aneun, 
>  50.000 x 12 bulan x 5 urang, tilu jutaeun. langkungna kanggo 
pabukon.
> 
> carana mah ukeun data murangkalihna, nami sepuh, jsb ti desa. 
teras 
> ukeun no.rek bca atawa bni kang kuwu atawa saha bae nu tiasa 
> katitipan. atawa kumaha tah cara ngirim bulanana ka kuningan? 
tiasa 
> oga ngalangkungan wesel pos sigana ka kuwu/bale desa. tapi kuwu ge 
> lega sawahna meureun, mun tiasa mah nya mantuan oge, da yp gan 
gaduh 
> dana 6 jutaan. sapalih kanggo pabukon. kapayun mah duka.
> 
> ari Program Beasiswa nu atos2 mah, pikeun 40 murid di ciamis, mung 
> pangmayarkeun SPP SD sataun, janten tiasa di drop sadayana 
sakaligus.
> 
> saena memang yp kusnet gaduh program anak asuh atawa adik asuh 
atawa 
> alo asuh. mung rada paur margi donatur atawa kenclengerna nembe 
> sakedik.  sieun teu nepi. teu wasa ngajak atawa kampanye, da eta 
mah 
> perkawis kasadaran sareng kacintaan ka dulur salembur. teu kudu 
> diajak asana.
> 
> sareng aya barudak di lembur sabaraha urang, ku baraya KUSnet 
> disanggupan tiap bulan dibantuan, tiasa ka ypkeun tiasa langsung.
> 
> 
> pabukon mangga. ukeun alamat sareng calon nu ngurusna.
> 
> --- In [email protected], "ndoell" <ndoell@> wrote:
> >
> > Mang..
> > dilembur abdi, Linggarjati. kuwu-na anyar, babaturan pisan.
> > ngan apal pisan yen manehna mah rada "concern" kana 
> > kapentingan umum teh, da baheulana sanajan manehna anak
> > kuwu ge, gaulna teu pulah pilih, kabeh di rawu.
> > 
> > Basa abdi ka lembur, ngobrol2, sihoreng di lembur abdi ge
> > masih keneh loba jelma susah, nepi ka barudak sakola teh
> > loba nu eureunan, da teu karuat nga-biayaan. tina data nu
> > aya, geuning leuwih ti 50 budak nu pantes dibantuan teh..
> > 
> > Mang, mun de ngajukeun ka Perceka, jatahna sabaraha urangeun?
> > oge aya rohangan gigireun rohahan Karang taruna, tiasa di
> > jadikeun Pabukon. Aya nu kersaeun kanggo ngokolakeunana.
> > Kumaha tah Mang ?
> > 
> > 
> > -ndoell-
> > 
> > --- In [email protected], "mj" <jamal@> wrote:
> > >
> > > 
> > > keur nyicil meseran buku keur pabukon di ciawi tasik lemburna 
> ambu 
> > bagja.
> > > karek sakardus. nunggu toko buku gigireun pangulinan buka. 
cenah 
> > cabang ti
> > > palasari, jadi leuwih deukeut, ngan can buka bae, masih 
dibeberes 
> > keneh.
> > > 
> > > engke mun tos dua tili kardus dianteurkeun-mun aya mbl 
nganggur- 
> ka
> > > jatinangor atawa pos ka ciawi
> > > -----
> > > 
> > >  6. Bagja, abah & ambuna, manawi pareng (Jatinangor)
> > > 
> > > 
> > > mj
> > > 
> > > http://geocities.com/mangjamal
> > >
> >
>


Kirim email ke