Kayungyun, aki sapuk pisan, mangga diteraskeun eta pamadegan kalintang saena,
mudah-mudahan tinekanan, amin.
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kaleresan conto anu dikirim
ku abdi teh sual komputer. Panginten, kauninga ku sadaya, saueur bahan sanesna
di Intrenet anu diluar sual komputer.
Nanging, bahan-bahan ngeunaan komputer oge sae kanggo diaos. Sae, abdi bade
nyobian ngadamel samentawis 3-4 jilid kanggo dikintun ka mang Jamal
ngalangkungan jasa titipan (nyuhunkeun alamatna wae). Bahan-bahan na bade
dipilah-pilah heula sangkan cocog sareng kamampuan nalar barudak (SD atanapi
SMP). Mudah-mudahan atuh, ka payun, lembur-lembur singkur di Pasundan teh
kasaba ku program telecenter (pusat layanan informasi anu dilengkepan ku
Internet) sapertos di pulo Bali atanapi di kota Malang, Jatim. Pan langkung
raos kanggo barudak upami aya bahan bacaan komputer disarengan ku wujud
komputerna.
Wassalam,
Asep
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
hatur nuhun gagasana kang.
samentawis buku-buku kanggo pabukon teh teu acan aya nu ka soal komputer, da
kanggo di lembur singkur di desa2. buku bacaan barudak, umum, basa sunda,
pertanian, jrrd. nu (sigana) teu acan kasaba ku komputer.
tapi mun aya nu kersa mah ngadownload, ngeprint, motokopi,ngajilid, mangga
kintun ka abdi atanapi tiasa langsung ka alamat pabukon. wayahna
On 5/3/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kahatur ka
para wargi sadayana,
Manawi kaanggo, bade usul kumaha upami aya bahan / elmu pangaweruh populer di
internet anu lisensina bebas dicitak, dijilid teras disebarkeun ka pabukon?
Waragadna henteu ageung, mung print sakali, difotokopi sababaraha kali teras
dijilid.
Simkuring gaduh conto dokumen sapertos kitu, mangga dibuka dina gembolan anu
ditangkodkeun dina surelek ieu. Masih seueur dokumen sanesna sapertos kitu anu
didownload ku simkuring tina Internet teh. Mugia aya manfaatna.
Wassalam,
Asep
mj <[EMAIL PROTECTED] ac.id> wrote:
keur nyicil meseran buku keur pabukon di ciawi tasik lemburna ambu bagja.
karek sakardus. nunggu toko buku gigireun pangulinan buka. cenah cabang ti
palasari, jadi leuwih deukeut, ngan can buka bae, masih dibeberes keneh.
engke mun tos dua tili kardus dianteurkeun-mun aya mbl nganggur- ka
jatinangor atawa pos ka ciawi
-----
6. Bagja, abah & ambuna, manawi pareng (Jatinangor)
mj
http://geocities.com/mangjamal
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.
--
geocities.com/mangjamal
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.