Hapunten sateuacanna, sanes mapatahan ngojay ka meri, saur baraya nu sanes mah.. Ngan nu kahatean mah kieu..
Sanes teu hoyong mantuan, ngan raraosan mah asa teu panuju pami kedah siga conto nu tadi. Sawaktos aya urang sunda nu janten direktur, ti wakil direktur dugika manager, satpam, supir, sareng OB, sadayana urang sunda. Sabari potensi-na teu acan katingali, komo ari kabuktoskeun mah. Tah ari nu kahartos sareng karandapan ku nyalira mah kieu.. Pami aya baraya nu "sae", tangtos bakal dipajukeun. Ngan sanaos dulur oge, ari teu katingali potensi-na mah, asa teu geunah pami di-ajak mah. Punten, sanes ngagogoreng atanapi su'udzon kanu sok mantuan, tapi naha urang sunda kedah ngiring ngalampahan Nepotisme, ngarah baraya sunda nu sanes kenging "peluang/posisi" siga suku nu sanes..? --- In [email protected], "andang1969" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Contona kieu. Aya hiji pajabat Kapala Dinas, urang sunda di lembur > deungeun. Tapi geuning manehna mah teu ieuh boga kahayang rek > nagabantuan atawa ngajak ka urang sunda lian. > Coba tempo suku lain. Mun anu diluhurna urang Batak, pasti dihandap > teh reuteum pisan urang batak. Timimiti tukang sapu nepi ka jabatan > luhur, pasti urang batak. > Kitu oge urang Bugis, maranehna mah sok ngahaja ngajak dulur jeung > barayana pikeun ngeusian kasempatan gawe atawa usaha, samemeh ngajak > anu lian. > Tapi ari urang sunda mah beda. Mun bosna urang sunda, anu dihandapna > mah pasti lain urang sunda. Mun aya oge urang sunda didinya, tara > dipalire ieuh. > Memang anu model kitu teh ngarana Nepotisme. Tapi ceuk kuring mah teu > salah lamun anu diajak teh boga potensi, sabab urang mana oge sarua > boga hak, kaasup urang sunda.

