satuju kang Iman, Tah kitu cenah urang sunda mah, cenah eta oge, alus mun kitu mah obyektif atuh, lamun kira kira teu mampu naha kudu ngarekomendasikeun, salah salah nu mere rekomndasi katempuhan, lamun kira kirana alus mah maenya teuing atuh kang teu dijalanan, eta deuih lamun aya salah asa hese rek ngageuing na teh da sa sunda tea komo patali dulur mah.. ah tapi etamah kasus per kasus, rea oge anu silih tulung, ngan lamun sifatna menyangkut profesionalisme, urang sunda emang kudu diconto..
--- In [email protected], "Kang Iman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Anu sok rada heran naha geuning urang sunda mah lamun manehna diuk > dina jabatan luhur teh watekna beda jeung suku anu lian. Urang sunda > mah tara boga niat rek ngajak atawan mere jalan kasasama urang sunda > anu liana. > > Ngiring mairan Kang nya , lumayan lah ngadu bako > > Kuring mah nyaritakeun pangalaman oge yeuh > Ari disebut tara boga niat mah lain, ceuk kuring mah ......... > niat ngajak mah aya ngan......... ti nu ku kuring ajak ngobrol mah > kalolobaan urangsunda mah lamun gawe hayang leuwih bener > hayang leuwih alus batan batur > jadi lamun butuh anak buah teh ampir tara ningali turunan mana turunan mana > tapi bisa naon eta jeleme keur ngawujudkeun kahayangna > > tapi lamun misalna aya anu salembur tapi "teu mampu" > maranehna leuwih mineng mere jalan wungkul > tapi lain dina jalan anu sarua jeung manehna > tah kitu ... pangalaman kuring mah > > > > > > > > On 5/6/07, andang1969 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Ieu mah punten sanes sim kuring bade ngeritik urang sunda sorangan, > > tapi sakadar rek ngedalkeun pamikiran pribadi kuring mengenai sifat > > jeung watek urang sunda, utamana mah pawatekan urang sunda anu aya > > diluhur, anu jadi pajabat, anu boga kakuasaan jeung sajabana. > > Kuring geus lila hirup ngumbara teh, pundah-pindah ngalalana. Ayeuna > > kuring hirup di Palembang, nagri deungeun. > > Anu sok rada heran naha geuning urang sunda mah lamun manehna diuk > > dina jabatan luhur teh watekna beda jeung suku anu lian. Urang sunda > > mah tara boga niat rek ngajak atawan mere jalan kasasama urang sunda > > anu liana. > > Contona kieu. Aya hiji pajabat Kapala Dinas, urang sunda di lembur > > deungeun. Tapi geuning manehna mah teu ieuh boga kahayang rek > > nagabantuan atawa ngajak ka urang sunda lian. > > Coba tempo suku lain. Mun anu diluhurna urang Batak, pasti dihandap > > teh reuteum pisan urang batak. Timimiti tukang sapu nepi ka jabatan > > luhur, pasti urang batak. > > Kitu oge urang Bugis, maranehna mah sok ngahaja ngajak dulur jeung > > barayana pikeun ngeusian kasempatan gawe atawa usaha, samemeh ngajak > > anu lian. > > Tapi ari urang sunda mah beda. Mun bosna urang sunda, anu dihandapna > > mah pasti lain urang sunda. Mun aya oge urang sunda didinya, tara > > dipalire ieuh. > > Memang anu model kitu teh ngarana Nepotisme. Tapi ceuk kuring mah teu > > salah lamun anu diajak teh boga potensi, sabab urang mana oge sarua > > boga hak, kaasup urang sunda. > > Tah kukituna, ka baraya sunda anu boga ajen luhur, jabatan terhormat, > > ajak bae dulur-dulur urang sasama urang sunda. Bantu maranehna. Jeung > > saha deui silih tulungan teh lamun lain jeung pada dulur urang > > sorangan. Ulah rek poho ka dulur baraya. Ulah hanyang senang sorangan. > > Mun boga kasempetan pikeun ngabantu dulur, buru-buru lakukeun. Ulah > > kakara boga niat waktu geus pansiun atawa geus teu boga huntu deui. > > Peupeujeuh. > > > > > > >

