tah ayeuna...jadi aya deui pertanyaan teh ....ari bodas kolot jiga 
kumaha......(heu heu heu...hoyong jentre wae abdi mah.....)
  ...ceu leli anu bodas ngora........

Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          teh eta mah sanes cacat sanes kacilakaan da biasana ge dihaja 
eta mah namina kengeng door prize alias bonus tea .........

hejo carulang teh maksadna bodas kubodasna
dugi ka urat getih katingal geningan ....



Kang Iman
si bodas kolot






  On 5/7/07, leli nurleli <[EMAIL PROTECTED]> wrote:             
  punten ah bade menanggapi dongeng na kang iwan...
   ceuk abdi mah...ari reuneuh ti heula mah lain cacat 
atuh....etamah..kacilakaan...heuheuheu.........teras asa nembe ngadangu aya 
warna kulit hejo carulang....sanes koneng ....arikulit mah......   

Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

        
Dina hiji mangsa, kacaturkeun aya hiji jajaka gandang nu keur néangan 
pipamajikaneun. Manéhna ngumbara ka unggal lembur jeung dayeuh, ti 
gunung tepi ka laut, malah tepi ka leuweung sagala..

"Kusabab aing kasép, pamajikan ogé kudu geulis, kudu sampurna 
kageulisanana, sangkan turunan aing karasép jeung gareulis" pokna téh.

Singgetna, manéhna papanggih jeung hiji lalaki kolot nu ngabogaan 3 
putri nu gareulis kawanti-wanti. Kulit hejo carulang, biwir ngagondéwa, 
gado endog sapotong, jeung saterusna.... jeung saterusna...

"Aki, nembé ayeuna kuring ningal istri2 anu sakitu gareulisna. Sim 
kuring téh nuju milari pibojoeun. Manawi diwidian, salah sahiji putri 
aki badé dijantenkeun istri ku abdi."

"Aéh-aéh, kasép, sanajan tiluanana ogé mangga téh teuing, aki mah rido"

"Ah, moal atuh ki, ageung teuing waragadna, oge bilih janten présédén 
awon engké pami diliput ku média infotainment" 

"Oh.. saé.. saé ari kitu mah"

"Nanging, abdi téh bingung, kedah milih anu mana...."

"Teu kedah bingung kasép, mangga waé ditingali tiluhur satungtung 
rambut, ti handap sausap dampal. Nanging tengah2na mah teu kedah nya 
kasep, pamali!"

"Ah, teu kedah ditingal tengahna mah atuh ki, tos kabayang ieuh ku abdi 
ogénan.. héhé.."

Sanggeus dititénan...

"Aki, punten, si bungsu téh geuning gaduh cacat sakedik, saleresna mah 
teu katingal, nanging ari diperhatoskeun mah geuning éta cepil nu kénca 
langkung alit batan nu katuhu. Atuh nu nomer dua ogé ngagaduhan cacat 
sakedik, malah moal katingal, éta indung-sukuna geuning ageung sapalih." 

"Dupi si cikal kumaha adén?"
"Perfect!"
"Tos yakin kasép?"
"Absolutely!"
"Mangga atuh ari kitu mah.."

Singget carita, manéhna kawin jeung si cikal. Kacida bagjana manéhna 
ahirna bisa meunangkeun pamajikan nu geulis tur sampurna.

Sababaraha bulan ti harita, pamajikanana ngalahirkeun, orokna lalaki, 
keur hideung teh, goreng patut deuih..

Manéhna bingung, tuluy tatanya ka si aki naha bisa kajadian bapana kasép 
indungna geulis, tapi anakna goréng patut kitu.

Si aki ngajawab:

"Sabenerna si cikal téh boga cacat saeutik, malah teu katingali"
"Naon tea ki?"
"Harita manéhna téh geus kaburu reuneuh..."

...

Haturan,
iwan.





  
  
---------------------------------
  Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.   
  






  

         

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke