Euleuh akang mani emosi kitu.
Sing sabar atuh.
Ceuk kuring mah naon sababna urusan ekonomi rahayat teu disigeung.
Padahal urusanana langsung jeung ekonomi dapur urang sarerea
Kalahka ngaheulakeun urusan hukum jeung korupsi.
Sabab percumah, euweuh mangpaatna ngayakeun terobosan bidang ekonomi ge ari
korupsina masih ceuyah dimana mana. Jeung barina ge hese ari loba teung korupsi
mah. Angger rahayat leutik nu jadi korban korupsi. Korupsi duit nagara sarua
jeung korupsi duit rahayat.
Urang titenan geura ieu rantena
Omean widang hukum, sanajan teu bisa ari ngahukum loba loba teung jelema mah,
maenya ari kudu ngahukum jutaan jelema mah, euweuh penjarana ge. Keun we
percayakeun ka ahlina, nu penting omean omean omean.
Widang hukum alus, korupsi diberantas, hukum tah nu korupsi kelas paus, hiu
jeung kakap, keur kelas teri mah cukup lah dibere sangsi nu burat. Tapi ieu
kabeh perlu waktu da lain sulap, ngan teu meunang lila lila teuing, itu dapur
rahayat nungguan, geus lila teu ngebul.
Korupsi ngurangan, sukur mun bisa tepi ka bersih mah, duit nagara asup, nagara
beunghar deui, loba duit.
Bagikeun duitna ka rahayat ku jalan naekun gajih pagawe negri, jst.
Daya beli naek, pasti maranehna hayang balanja itu ieu, sektor ril, dunia usaha
nu laleutik oge bakal maju bareng jeung manampung tenaga kerja.
Heu.. heu.. heu... nyanyahaonan......jeung asa gampang ngocoblak mah.
Punten ah... seueur baraya Kusnet nu langkung paos, langkung pinter, langkung
cerdas.
Wasalam,
Kang Santosa
tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sanggeus ditungguan mang minggu2,
Sugan teh rek bucat bisul, Kang SBY!
Tapi nu aya jarawat malah nambahan.
Sugan teh anjeun rek jadi babu rahayat
tapi nu aya kalah jadi babu parpol.
Teu uyahan, silaing teh, Kang SBY!
Ngerakeun Jawa Barat.
Na kudu diusir kitu!????
geuleuh.....aing mah. 2,5 taun deui hirup ancur........
tantan
keur ambeuk pisan......
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.