*Bilatung *mangrupakeun hambalan larva dina daur hirup laleur, atawa bisa ogé nujul ka larva serangga lianna, kagambar salaku mahluk pikagilaeun nu hirup tina bugang.
*Daur hirup ** *Laleur ngalaman opat hambalan hirup: endog, larva (katelah bilatung), pupa, sawawa. Endog laleur biasana diteundeun dina daging, tai sasatoan, manur, atawa cai anu ngeuyeumbeu. Sanggeus 8-20 jam, ieu endog megar jadi bilatung, ngadaharan naon baé anu aya di sabudeureunana nepi ka mangsana robah jadi pupa. Sanggeus jadi pupa mah, ieu laleur bisa ingkah ka patempatan anu lembab. *Mangpaat **Terapi bilatung *Ti baheula, sahanteuna ti mangsa Perang Sipil Amérika, bilatung sok dipaké natambaan tatu; ayeuna ogé masih diajarkeun dina bagbagan tatamba Pasukan Husus Tentara AS[1]. Dina kaayaan stéril jeung dikontrol, si bilatung dilarapkeun kana tatu pikeun meresihan jaringan paéh dina tatuna. Kiwari, kelompok panalungtik nu dipingpin ku Andrew Boulton ti Universitas Manchester keur nguji kamampuhan terapi bilatung pikeun natambaan para pasén diabétes anu sok boga tatu nu teu cageur-cageur dina sukuna, patali jeung wedukna kuman MRSA (methicillin-resistant Staphilococcus aureus) anu nginféksi éta tatu[1]. *Forénsik *Sababaraha tipeu bilatung nu kapanggih dina bugang bisa dipaké ku para élmuwan forénsik. Dumasar kana hambalan kamekaranana, ieu bilatung bisa nunjukkeun lilana umur bugang katut di mana paéhna. Bilatung digolongkeun dumasar hambalan 'instar'. Instar I panjangna 2-5 mm, instar II 6-14 mm, sedengkeun instar III 15-20 mm. Tilu hambalan ieu luyu jeung umur bilatungna: 2-3 poé, 3-4 poé, jeung 4-6 poé (pikeun ilaharna laleur imah) ti saprak endogna diteundeun. *Masalah *Sarua jeung kutu, bilatung bisa ngabahyakeun sato ingon. Dina usum panas, laleur baranahanana gancang pisan, sahingga bisa ngahasilkeun bilatung anu kacida lobana nu bisa ngabalukarkeun myiasis. Najan lolobana mah hirup tina ngahakanan bugang, aya ogé laleur anu hirup salaku parasit di handapeun lapisan kulit manusa atawa sato hirup. Bilatung biasana aya dina wadah runtah anu diantepkeun teu katutup, bangké sasatoan, kai buruk, jsb. Ku kituna, pikeun nyingkahan ayana bilatung di sabudeureun urang, taya deui cara lian ti ngaberesihan lingkungan tina runtah anu numpuk. *Rujukan *↑ Craig, Glen (1988). US Army Special Forces Medical Handbook, pp.510-12, US Army Institute for Military Assistance. *Tumbu kaluar** ** Maggot vending machines in the UK * Maggot Therapy Project website at the University of California, Irvine, list of maggot therapy practitioners * http://www.monarchlabs.com/ suppliers of Medical Maggots™ (disinfected Phaenicia sericata larvae), picture of Medical Maggots™ vial * http://www.bterfoundation.org/ BioTherapeutics Education and Research Foundation * Getting rid of Maggots Website with visitors' input on getting rid of maggots Kategori: Sasatoan Disalin ti http://su.wikipedia.org/wiki/Bilatung -- sikandar kumincir.blogspot.com

