hahahahahahahha ngeunah seuri lah mun kang Ndoell nyieun carpon ngeunaan si Jay 
teh

ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          "Jay !"
"eh..ah..abdi bu guruuu...!"
"ngorong wae keur diajar teh.."
"Ih atuh da meded pangambung Jay-na bu Guru.."
"cik atuh engke, jaba dilodet-lodetkeun deuih"
"Ih ari bu Guru, pami teu dilodet-lodetkeun,
bade dikumahakeun ?"
"Lamot we ku maneh !"
"Maenya dilamot, pan asin..."
"Itu geuning apal ?"
"da osok..."
"ih jorok maneh mah.."
"Ari bieu geuning bu guru miwarang ?"
"iraha ?"
"bieuuuu...."
"atuda maneh na, puguh keur diajar, hayeuh wae
nyokelan liang irung..."
"apan ceuk Jay ge, pangambungna meded..."
"meugeus ! ayeuna maju ka hareup..!"
"bade naon ?"
"tuliskeun : 3 - 1 = ..."
"atos.."
"atuh eusian sakalian jawabanana..."
"teu tiasa bu guru.."
"maenya nu kitu wae teu bisa ?"
"teu tiasa...."
"kieu we atuh, mun maneh boga jeruk 3 siki, tuluy dibikeun
ka babaturan maneh hiji, tinggal sabaraha ?"
"ke heula bu guru..jerukna haseum atawa amis ?"
"naha jeung make nanya amis haseumna sagala ?"
"soalna kieu, pami jerukna amis, ku Jay moal dipasihkeun
ka batur..."
"mun haseum kabeh ?"
"mun haseum sadaya oge moal..."
"enya pan ieu mah perumpamaan Jaaaaaay..."
"naha bet perumpamaan ? apan ayeuna teh nuju diajar matematika ?"
"ih...naaaa maneh teh belegug-belegug teuing ?"
"saha bu ?"
"puguh we maneh !"
"ah, maenya ?"
"meugeus, diuk deui, bisa TBC boga murid jiga kieu mah"

-dul-



         

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke