memang rada sesah nyortir (naon basa sundana nya?) kadang2 aya artikel anu
ngayakinkeun siga nuenya kanyataanana malah ngabahayakeun.
contona nu kamari: artikeul ngeunaan khasiat peuteuy
kumaha lamun nu awam/malah jalmi nu gaduh panyawat teu kenging nuang peuteuy?
atuh matak lalinu saawak-awak.
yayan Bogor
anu katipu ku artikel peuteuy
Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
nambihan sakedik,
sateuacan diforward, aya saena eusina di-cek heula ka mamang gugel....
ulah gampil percanten kana berita anu "nyingsieunan" atanapi
"menjanjikan", padahal mah eusina wararadul wungkul..
wassalam,
iwan
ndoell wrote:
> Ningali tina imelna Neng Gia..
> jigana postingan ti milis sejen tuluy langsung ditangkodkeun
> bae (diattachment. Kedahna mah diedit heula, piceunan
> heula runtahna ... nya ? da bageur...
>
> carana :
> 1. Klik Forward
> 2. Pilih as inline text (tong milih as attachment)
> 3. Edit
> 4. Kintun
>
> Kitu..
>
> Trus..ieu mah pepeling we keur sadayana..
>
> Apan geuning sok mindeng kenging imel nu kenging diforward
> ti batur, trus eta alamat imel batur teh meni ngambai, ngelai,
> nepi ka ngacai.
> Komo deui, sakapeung sok aya nu ngirim attachment mangrupa
> gambar. Cik atuh, ari sakirana teu aya pakuat-pakait sareng
> Kukusnetan mah tong dikirimkeun.
>
> Nu matak nu kararitu mah ku sim kuring langsung we ditajong
> tara diabuskeun kana milis. punten we.
> Jadi wayahna sing ngartos we sorangan, da tos arageung.
>
> Salian ngangganggu, oge karunya ka anu akses internetna
> ngeteyep, bisi beurateun muka imel nu ditangkodan ku anu teu
> aya mangpaat sareng bipaatna.
>
> okeh ?
>
> -dul-
> kuncen #8
>
>
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.