keun wae lah da walikota teh bagean tina padamelan,.... sanes?,
  janten Pa Ucep bade ngalamar diditu didieu oge teu sawios-wios da milarian 
damel namina oge..
  sok we pa Ucep dilajeng kampanyeuna.....mudah2an sing dikabulkeun ayeuna mah 
nu di Cimahi, upami gagal keneh wae mah duka tah aya nu lepat panginten........
   
  yayan Bogor
  anu moal milih pa Ucep da lain urang Cimahi.

Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Teh Ro2 geus jadi kacapangan urang sarerea yen diurang mah 
tibabaheula oge anu kampanye teh ngan ukur jangji jeng jangji bae tapi ari geus 
kapilih mah pan pada mopohokeun kana eta janjina teh nu matak ceuk sim kuring 
mah tetep leuwih hade ulah milih anu merekedeweng hayang jadi pamimpin punten 
lain nyapelekeun Pa Ucep, sabab can kanyahoan naon bae anu geus dipigawena keur 
ngawangun bangsa urang.
   
  Baktos,
  WAG
   
  

Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
        Heuheu…etah Kang Eddy, Kang Yuli & Cep Irpan ni kareqih (Sundana?) 
kituw ka Pa Ucep. Wios atuh....matak wantun oge tos sagala nyampak panginten, 
mung urangna we teu terang. Tapi ketang da abdi ge hayang seuri…ke la, seuri 
heula nya…hehehehehehe…punten ah, tuda kampanye teh dimana wae cle na. 
   
  Minggu wengi kamari abdi nongton acara Oprah Winfrey di Metro TV aya hiji 
calon walikota, pami teu lepatmah namina Coory Booker, Negro alias kulit 
hideung. Anjeuna calon walikota Newark New Jersey Amrik. Nya kitu 
tea…dimana-mana ge sami jalmi mah, teu di Cimohai teu di Amrik, rahayat teh tos 
cua tur baroseuneun dibobodo ku jangji nu teu pasti. Anjeuna ngabuktoskeun 
kersa linggih di tempat nu busrut basrat, kalalotor, wc-na ge….yaks… ni pinuh! 
Jaba teu aya pemanas cai-cai acan, mangkaningan seueur warga nu tos sarepuh. 
Anjeuna tiasa ngarobih ti kota Newark nu rarujit, tingkat kajahatanana luhur, 
bandar narkoba dimana mendi…janten kota bersih tur raoseun, narkoba & kajahatan 
lungsur. Mun seug Pa Ucep tiasa kitu….top bangedddhhh….
   
  ro2

   
  >>> [EMAIL PROTECTED] 05/07/07 10:56AM >>>

  lain euy asa ku lucu..
  mun seug aya calon pejabat publik anu eleh didieu, pindah kaditu...eleh, 
pindah deui kakulon...eleh deui, pindah kakaler eleh deui.
  pastina jalma eta beunghar pisan..
  patarosanna : naon anu diteangan?
   
   
    -----Original Message-----
From: Heryadi, Eddy [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, May 07, 2007 10:26 AM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] sami2 kang -- subjec kampanye kang Ucep


      Hihihi.... apan kuring nyebut teu pantes ge ngahaminkeun kang Bohay anu 
ngritik kang Ucep nu teu malire subjec surelek...
  pedah anu pangtungtung nulis kang Agus...der... ngabales langsung tina 
subject surelek eta keneh....
  Padahal eta surelek.... keur ngabahas bapana kang Irpan nu nuju teu 
damang..... der dipake kampanye.... teu pantes pan.
   
  Ari kuring mah satuju - satuju wae deuk kampanye di Kusnet oge....pek 
prung... tapi nu bener subjec na.....
  Tapi ulah ambek oge mun... aya nu ngomong teu satuju kang Ucep janten 
walikota Cimahi....apan demokrasi cenah..hihihi
   
  -eddy-
   


  >>> [EMAIL PROTECTED] 05/07/07 01:13PM >>>

  Benerrrrrrr kang lah.
satuju

Naha hayang naon sih, Bapak Ucep Wahyudin Suradiningrat (anu Suradiningrat mah 
meunang kuring, lain ngaran asli pa Ucep he..he..he... Pisss ah pa Ucep .....)

Lamun enya mikir ku UTEUK. 

  



  Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

         

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke