Kahatur aki Tams,
Nembe ninggal Kamus Lengkep Sunda-Indonesia, Indonesia-Sunda, Sunda-Sunda
karya Drs. Budi Rahayu Tamsyah Spk. Dumasar kana eta kamus, garis teh kecap
basa Sunda, sinonim sareng kecap gurat. Kaleresan wae panginten kecap garis teh
aya dina basa Indonesia oge. Kadangkala kecap basa Sunda anu aya dina basa
Indonesia karaosna sanes kecap basa sorangan. Kanyataannana seueur kecap tina
basa daerah diserep ku bahasa Indonesia. Pon kitu deui sabalikna.
Mangga nyanggakeun kecap mana anu bade dianggo, garis atanapi gurat.
Salamna,
Asep
Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Dupi
garis oge masih keneh basa Indonesia kitu? Garis teh sanes sundana gurat?
manawi leres garis lintang = gurat usum?? Aki tams.
trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Musim - masih keneh basa Indonesia. Basa sundana mah usum
jadi garis lintang = garis usum
TS
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Manawi teu kaabotan, bade ngadugikeun pamendak ngeunana tarjamahan garis
bujur sareng garis lintang.
Koordinat geografi garis bujur (longitude) kawitna muncul akibat kabutuhan
para kolonialis (hususna Inggris) kanggo nangtoskeun beda waktu antawis
nagarana (Inggris) sareng daerah kolonina (upamina wae India). Garis bujur 0
darajat dikawitan ti kota Greenwich, Inggris. Kumargi maksad didamelna istilah
garis bajur the kanggo nagtoskeun waktos, kumaha upami diterjemahkeun wae kana
basa Sunda sabage garis waktu atanapi garis kala.
Koordinat geografi garis lintang pakait sareng musim. Upami kota Sampit aya
dina garis 0 darajat, pasti gaduh sifat musim anu sami sareng tempat sanesna
anu kalangkungan ku garis 0 darajat, nyaeta sami-sami tropis. Pon kitu deui
sababaraha tempat di Finlandia gaduh sifat musim anu sami sareng Kanada pali
kaler kumargi kalangkungan ku garis lintang anu sami. Ku kituna, kumaha upami
garis lintang ditarjamahkeun kana basa Sunda sabage garis musim.
Salamna,
Asep
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sababaraha waktos kapengker sim kuring nyobian nyerat artikel perkawis
Satelit Telkom dina basa Sunda, palebah narjamahkeun istilah Bujur Timur
(posisi satelit) kana basa Sunda weleh teu mendak kedah naon, teras we ngintun
SMS ka budayawan Sunda naroskeun sugan we aya istilah anu sae dina basa Sunda,
na jawabanana teh lah tetep we kitu asal ulah ditarjamahkeun janten "bujur
randa" we saurna teh. Heu heu...!!
Dugi ka ayeuna eta artikel teu beres-beres, magol keneh da kahalangan
ku........bujur.....randa........"
MSasmita
----- Original Message -----
From: Djakaria Purawidjaja
To: [email protected]
Sent: Sunday, May 06, 2007 11:26 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Pangajak ka anu sasama
Kahatur saderek MSasmita,
Tah geuning nyanggut useup teh. Nya tangtos yuswa ayi oge tiasa kalebet
sasama, mung kanggo info wae, danget ieu sim kuring tos nincak umur 68 taun,
kalahiran 31 Maret 1939, domisili eh padumukan di Jakarta tapi sering oge ka
Bandung, margi pun bojo urang Bandung , abdi urang Taskmalaya. Perkawis anu
disebatkeun" Sunda sareng teknologi " oge nyambung, margi sim kuring kantos
icikibung dina teknologi, khususna teknologi Komunikasi elektronika. Namung ari
karesep mah teu kauger ku teknologi wungkul aya oge anu sanesna, antawisna
basa, budaya, kalebet sajarah , atuh kana maos mah kareseo oge. Saheulaanan
sakieu heula,
Baktosna DP.
.
---------------------------------
We won't tell. Get more on shows you hate to love
(and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list.
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.
---------------------------------
Bored stiff? Loosen up...
Download and play hundreds of games for free on Yahoo! Games.
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.