Hayoh maju terus pa ucep, ulah gedag kaanginan.
Saur kang kumi tea mah, mun hayang jadi pejabat mah memang kudu tabah!
Ulang keok memeh dipacok...
Jung geura nangtung, tarung dipakalangan...
Ngan kade upami tos ngadeg teh, engal nyumbang ka Kusnet atanapi ka
Yayasan Perceka nya!




--- In [email protected], "Kang Iman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Heup !!
> Kitu ceuk kuring....
> 
> Sigana mah ngajejeleh Pa Ucep geus kuduna dieureunan
> padahal lamun dipikir
> can karuhan Pa Ucep korupsi (mun nu boga bukti tong ngomong wungkul)
> tong suudzon
> Pan Pa Ucep teh urang sunda keneh sanes ?!
> Pan cenah urang sunda teh ulah andeprok di hawu wae sanes?!
> Keun aya anu hayang jadi pamingpin, mun bener heug dukung
> mun salah turunkeun
> padahal loba keneh anu teu wani jadi eRTe-eRTe acan
> peot hulu cenah mah............
> 
> lamun seug kuring lahir di bandung hayang jadi walikota bandung
meunang teu
> ?!
> terus kulantaran ayeuna cicing di bekasi hayang jadi bupati na
meunang teu
> ?!
> tapi lantaran digawe di jakarta, jadi hayang jadi gupernur jakarta
meunang
> teu ?!
> komo deui pamajikan urang kota waringin, ah rek jadi bupati kota
waringin
> meunang teu ?!
> 
> ceuk kuring mah keun bae lah promosi di milis ieu
> soal teu pas, eta mah urusan kuncen (kitu pan kun ?!)
> soal duit na loba, lain urusan .... boa loba warisan
> 
> Ngan ceuk kuring mah HEUP !!!!
> Enya cenah demokrasi, bebas ngomong naon wae
> tapi sigana lain ngajejeleh nya ?!
> 
> Ngan nu pasti HEUP !!
> 
> Kang Iman
> lain anak lain dulur lain deungeun deungeun acan
> malah mah lain eRTe eRTe acan
>


Kirim email ke