Walah musibah teh, teu dinyana naha nya ka tuang putra?, ujian eta teh yi; 
mugi-mugi wae atuh sing enggal damang deui sapertos bihara-bihari. Muhun 
wilujeng nyampurnakeun belajarna nyuprih elmu sareng pangalaman ngawulang 
sakantenan; di nagara matahari. Alhamdulillah aki danget ieu nuju dipaparin 
anugrah kasehatan, atuh programna insya Alloh nuju ngantosan waktos viva da 
awal April kamari disertasina tos disanggakeun, biasana 2-3 sasih teras tiasa 
viva, rencana mah sasih Agustus tahun ieu tiasa ngiring convocation. Atuh bilih 
aya kakirangan tina viva engke, biasa lah sok aya bae perbaikan, bade 
direngsekeun dugi sasih Juli 2008. Ari ayi Budhi nawis teu kontrak damel salami 
5 tahun saparantos rengse S3, sareng pihak Rektorat waktos diwidian angkat 
kapungkur? Aki mah disumpingan ka USM waktos harita (satahun ngawitan diajar), 
teras kedah nawis, ah da kapalang baseuh atuh, aki nawis bae piraku kedah 
bantut diajarna. Iraha atuh angkat deui ka Jepun, wilujeng nya, insya Alloh
 engke tiasa tepang. Baktos aki tams.

Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          Aki kumaha damang ?

Ti Jepun, Rebo kaping 25 April 2007, biasa we teras kukurilingan Ki ...

Alhamdulilah tos ngalongok ka Palembang, nyungkeun widi deui bade janten guru 
tamu heula di Jepun, alhamdulilah oge diwidian. 

Ayeuna nuju di Bandung, pun anak lebet rumah sakit, keuna gejala demam 
berdarah, dirawat di RS Muhamadiyah Ruang 1C kamar no 3. Pidu'a ti sadayana 
mugi sing enggal damang.

baktos,
budhi
0815-360-5304 

  On 5/9/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            Iraha ti 
Jepun yeuh, ngalongok heula unsri yi? tos beres kitu S3 na?. Aki tams 
panasaran. Sanaos sa Universitas tapi tacan pernah tepang, he he he he.  Ke ke 
ke ketang bilih ieu mah cep Budhi Setiawan, anu penyiar Radio Singapura 
Internasional (RSI) tea kitu? Dasar aki-aki kolot kumaneh yeuh loba pohona, 
punten yi. Salamna aki tams.   

Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
      Tanggal 13 ... halah di yogya keneh euy .. salamna ka sadayana

budhi
kopo permai bandung
tas ditraktir kang hendri di cikarang








  

         

 
---------------------------------
Need Mail bonding?
Go to the Yahoo! Mail Q&A for great tips from Yahoo! Answers users.

Kirim email ke