Kumaha atuh da simkuringmah resep kana dahareun teh tah ieu aya rupi kadaharan anu sok biaya di pilemburan komo lamun di jieun keur mejeuhna hanaang tur panas ngajejedag RUJAK BE'BE'k CANGKUDU aya oge anu sok nyebut RUJAK SEREBED dumeh sok di aya caian malah sok make cai saeutik, pas di tuang caina sok di serebed bin disuruput, mangpaatna seueur pisan panginten wargi sadaya oge kantos ngaos mangpaatna buah cangkudu, kanggo darah tinggi, awet ngora nambih tanagi kanggo lembur Bapa2 diwaktos wengi wah rea pisan mangga ieu menu Rujak BE'BE'K :
Bahanna : - Cangkudu anu geus bodas/ geus kolot kira lima sikimah Bahan tambahan : - tongtolang nangka atawa bisa oge cau kulutuk nu ngora/atah keneh - sampeu atah atawa boled Samarana : - Cengek sacukupa gumantung kana karesep bisi rek lada manggateh teuing, - Uyah sacukupna - Tarasi sacukupna sangkan kaambeu sengit tarasina - Gula beureum singkarasa amisna/sacukupna Cara nyieunna: Samara di bebek dina lulumpang, atawa aya anu nyebut oge jubleg make halu nepi ka lemes, bahan CANGKUDU jeung bahan tambahan anu tadi di be'be'k nepika lembut, sangkan gampang lembut eta cangkudu jeung bahan tambahan bisa ige di cacag heula ngarah gampang lembut waktu ngabe'be'kna. geus lembut biasana Gula beureum sok dipandeurkeun nga ludekna sangkan teu ngacret kaluar dumeh di be'be'kna sokmuncrat. Mangga cobian komo mun nyieuna jeung ngadaharna balik ngarit atawa ngareureuhkeun kacape tas digawe walah nikmat pisan. "wilujeung nyobian" Baktos Abdi Kuncen Kasep Darmaraja Sumedang ----- Original Message ---- From: sandy latief <[EMAIL PROTECTED]> To: urang sunda <[email protected]>; Keluarga Besar <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Thursday, May 10, 2007 6:06:11 AM Subject: [Urang Sunda] Fwd: Nyam-nyam... Note: forwarded message attached. Wah no kommen.... Sandy-NY ____________ _________ _________ _________ _________ __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail. yahoo.com Dear : All... Sekedar berbagi.... regards : Major Benny P. Nadeak United Nations Mission in Liberia (UNMIL) Military Observer (MILOBS) Liberia - West Africa Email : [EMAIL PROTECTED] Telp : +231-6-646507 __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

