PERYOGI BANTOSAN KOMPUTER KANGGO PASANTREN di TASIK
Assalamualaikum Wr. Wb.
Kahatur baraya sadayana.
Nembean pisan simkuring ngawangkong sareng rerencangan di
kantor PT. Ekamatra Esta Ekuilibrium, anu kaleresan simkuring aya kaperyogian
ka ieu kantor.
Ti rerencangan nyarioskeun yen aya salawios Pondok Pasantren
di lingkungan bumi anjeuna anu namina Pasantren Srahtarjuningrahyu di Ciawi
Tasikmalaya anu di pimpin ku KH. Ahmad Hidayat nuju meryogikeun computer kanggo
pendidikan santrina.
Manawi diantawis baraya sadayana aya anu kagungan computer anu
teu dianggo (layak pakai) atanapi bade pangagaleuhkeun computer anu kumaha wae
spekna ditampi kalayan kabingahan. Saurna peryogi minimal 2. Hal ieu kantos oge
ngajukeun ka Departemen Agama Kab. Tasikmalaya, nanging dugi ka ayeuna teu acan
aya perhatosan.
Kanggo salajengna mangga tiasa kontak ka Kang Redi di 08156229897
atanapi runa di 0818109410 YM : runainawan
Tiasa pisan info ieu disebarkeun kanu sanesna.
Sakitu kapihatur, diantos pisan ilubiungna kanggo kamajengan
wargi urang anu dilembur.
Wassalam,
Baktos,
Runa Inawan
________________________________________________________
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
http://id.yahoo.com/