Sumuhun wa hapunten teu ditambihan ku "oknum".
Djakaria Purawidjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sdrk AGunawan,
Teu kedah ngaraos risi ka si Uwa, pedah uwa kantos janten ABRI langkung ti
tilu puluh taun, atuh janten aparat pamarentah aya kana opatpuluhtaunna. Maca
dongeng dongeng kitu teh janten emut kana guguyon jaman orba mah tangtos pada
uninga, bilih hilap urang rewind deui:
1. Dina Bus Umum.
Panumpang1 (P1) anu kabagean ngadeg sagigireun Panumpang2 (P2), nyarios bari
muringis nahan kanyeri,
P1 : Bapak ABRI, yah?
P2 : Bukan
P1 : Bapak saudaranya ABRI?
P2 : Bukan
P1 : Bapak tetangganya ABRI?
P2 : Bukan, kenapa sih pertanyaannya begitu melulu? ( rupana jengkeleun oge )
P1 : Busyet lu, yang sakit gue, kaki lu dari tadi nginjak kaki gue masa nggak
merasa!
2. Di forum Ilmiah Internasional.
Cariosna, aya kajadian enggal enggal ieu tos kapendak mummi di hiji tempat.
Teras sadaya ilmuwan ti sakuliah dunya sarumping bade ngetang sabaraha umur eta
mummi.
--Ilmuwan Amerika, nangtoskeun ngangge metoda panganyarna, hasilna : umur eta
mummi teh : 3000 tahun. (geeeeeer hadirin surak kalyan antosias).
--Ilmuwan Inggeris, nangtoskeun ngangge metoda kanggo khusus mummi, da
anjeunna mah tos teu bireuk, tos janten saehuna perihal mummi teh : 2970 taun
(sambutan oge meriah, margi siga siga ngadeukeutan peresisna).
--Salajengna sacara pili genti ilmuwan ti rupi rupi nagara ngiring ulubiung
nyobian metodana sewang sewangan. Namung kanggo samentawis perhetangan ilmuwan
Inggeris anu pang akuratna. Ampir ampir bade didamel kacindekan, aya anu
nyuhunkeun kasempetan tapi aya panyuhunkeun bade meuting sapeuting eta sareng
mummi tea. Sidang satuju, kacindekan diundur sadinten. Tapi ditaros heula
identitasna,saha anu gaduh usulan sareng urang mana, ari pek teh cenah
Professina Pulisi ti Republik Mimpi. Saparantos dikabulkeun
enjingna kaluar hiji angka anu cukup mengagumkan, umur eta mummi teh:2969
taun 11 bulan 24 dinten , nembe minggu payun ulang taun ka 2970 sapertos
perhitungan ilmuwan Inggeris. Da eta mah sidang mani simpe sapertos gaang
katincak. Tapi Pupuhu Sidang sempet naros : ke ke ke dupi saderek ngangge
metoda naon, mani tiasa akurat kitu? Diwaler kalawan kalem : Ah nya ngangge
metoda anu sok diangge dilembur abdi wae, saparantos diguliksek sapeupeuting ku
sagala cara, akhirna mah ngaku. Malah upami teu renced mah dugi ka jam , menit
, detikna oge tiasa. Duka tah terasna mah.
Kapan kitu dah dongeng ti Republik Mimpi mah, tapi anu hoyong teh ulah
disakompet daunkeun , nyatana anu ngalakukeun hal hal awon teh baheula mah
disebatna "oknum", anu teu tumut kana disiplin sareng aturan etika sanesna.
Wass DP
Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Enya puguhan tapi ari ka anggota ABRI anu sejenna henteu wanian
nyarekan atawa nilang. Geus papada nyaho yen urang teh teu meunang ngalaju
tutumpakan dina bahu jalan (utamina di jalan tol), tapi sim kuring mindeng
nempo aya mobil plat no aparat pamarentahan (ABRI) (punten ka uwa Djaka) anu
sangeunahna bae ngajalankeun mobilna dina bahu jalan padahal loba pak pulisi
anu keur patroli tapi polisi teu wanieun nyarek. Dina hiji mangsa mah di tol
Gatsu ngarayap rada macet tapi eueweuh mobil anu laju dina bahu jalan na ari
biur teh mobil plat ABRI sangeunahna ngaliwat dina bahu jalan atuh terus bae
aya anu nurutan ngudag tukangeunnana. Ti kajauhan katempo aya pulisi keur
patroli eeee anu ditilang teh eta mobil anu tukangeun mobil tangtaya, ari mobil
tangtayana mah terus bae laju bari asup katengah sakeudeung tapi biur deui bae
dina bahu jalanna.
Kasimpulannana mah emang geus kitu bae meureun adatna rumasa aing jadi aparat
meunang ngalanggar aturan padahal meureun anu sakuduna mah nyontoan ka rahayat.
Sanes kitu!! Saneeeeeees atuh kumaha aing we.
WAG
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Henteu kombes, henteu kopral, meni hararese upami urusan sareng militer
atanapi pulisi mah, nya teh?
Pangalaman teh Roro tiasa dijantenkeun pelajaran kanggo menangani urusan
sareng militer / pulisi.
Abdi oge gaduh dongeng nyaeta dina dinten ahad sababaraha taun kapengker.
Kajantenannana mobil abdi mundur waktos liren dina tanjakan jalan Kalibata,
payuneun lampu lalulintas, teras nabrak hulu mobil beus angkutan jemputan
tantara / karyawan dephan, mung nabrakna henteu tarik aris laun pisan.
Supir beus (jigana mah sipil) teh nididan; dijawab ku abdi teh ku gupay
saparantos muka kaca jandela, sanes gupay katresna tapi gupay nyuhunkeun
dihapunten.
Saparantos lampu hejo, abdi mengkol ka kenca ka jalan Dewi Sartika. Henteu
dinyana mobil tantara teh ngudag bari nididan. Atuh abdi teh nyisi teras turun
ka luar mobil. Mobil tantara oge nyisi teras liren. Kawawang teh garwana supir
nyarekan bari tutunjuk. Supir na oge molotot ngan teu seueur carios jiga
garwana. Abdi enggal neda dihapunten sareng ngajelaskeun yen nabrak teh henteu
dihaja kumargi jalanna mudun sareng remna kirang pakem, langkung ti eta mobil
beus tantarana oge da teu lecet-lecet acan. Saparantos dijelaskeun kitu,
supirna ngamaphum teras nyarios lain kali hati-hati yah!. Iyah, terima kasih
pak. Alhamdulillah, urusanna henteu kapapanjangan.
Namung tina kajantenan eta, tiasa ditarik kacindekan yen urang sipil (kalebet
orang terdekatnya misalna garwa supir dina kajantenan ieu) anu caket sareng
militer atanapi fasilitas militer gaduh kacondongan kana jumawa / arogan oge.
Tah kitu dongeng abdi mah.
Wassalamualaikum wr. wb.,
Asep
Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Pami ningali tina alamat korban, Ms. Jeannie Kiagoes sanés jalmi samanéa
kedahna mah tiasa ngalacak sareng milarian info kedah kamana nyanggakeun
kuitansina. Komo tos pararuguh mobil carens abu-abu biasana mobil dines,
anjeuna KOMBES, nya sumpingan wé ka kantorna...
Abdi gé badé ngadongéng ah
punten nganggé basa cohag, nyanggakeun, mugia
mangpaat.
Sabab musabab kacilakaan keur nyupiran di jalan salian ti kandaraanana
(Sundana?) jeung jalana ruksak, nyupirna bari ngebut, tunduh jeung mabok,
kuring hayang nambahan hiji deui nyaéta tong bobogohan bari nyupiran. Naon
sababna???
Kajadian ieu karandapan di taun 2004 ku adi bungsu kuring nu karék bisa
nyupiran mobil. Harita wanci reup-reupan, jaba tas hujan gedé, adi kuring
nginjeum mobil nu lanceukna (adi kuring nu kadua) keur nganteur kabogohna balik
ka imahna.
Teu lila, aya telepon ti adi kuring bari ngadégdég, Ceu, kuring nabrak mobil
batur ti tukang, jalmana ngamuk, rék ka imah ayeuna!
Innalillahi wa inna
ilaihi roojiuun
awak kuring langsung leuleus euweuh tangan pangawasa, gék diuk
dina korsi bari ngahuleng. Komo, indung kuring langsung pias, rawah riwih ciga
nu rék ceurik. Kuring béakeun mikir, kudu kumaha? Walah
timana kuring ngaganti
mobil nu ruksak? Mangkaningan keur meujeuhna paceklik, can gajihan? Adi kuring
nu boga mobilna geus samutut bari ngutruk, baroraah bisa dipéntaan keur
ngagantian, ambek wé nu aya.
Reg, mobil adi kuring eureun hareupeun imah, disusul mobil hiji deui diparkir
di lapangan poli, Mazda MR 94 kelir hideung platna oranyeu dikurilingan ku
gurat konéng, teu salah deui mobil dines HANKAM! Teuing kunaon, ujug2
ngagerentes dina haté, Alhamdulillah nuhun Gusti, mobil dines geuning
.héhéh,
geus dibéré cilaka masih kénéh nganuhunkeun. Lain kunanaon
sugan jeung sugan
mobil dines mah bisa saeutik ngagantianana.
Sup adi kuring, kabogohna jeung dua korban nu mobilna katabrak ka tepas. Nu
hiji ngora kénéh, rambutna cepak, nu hijina deui geus kolot rada lintuh
ngelapan beungeut ku saputangan da kahujanan. Sanggeus sung song sasalaman bari
jamedud oge, kasopanan mah kudu pan? Sanggeus ngabetem sababaraha lila, der wéh
kukuring ditanyakeun kajadianana pangna bisa tabrakan. Sihoréng adi kuring téh
geumpeur aya mojang geulis, hérang méncrang di gigireunana, teu ngarasa yén
jalanna leueur tas hujan. Keur asyik ngawangkong jeung kabogohna, bari teu
ngatur lolongkrang jeung nu hareupeun
ujug2 jedak! Ditambah deuih teu mawa SIM
da tinggaleun.
Ari nu katabrakna, nyaritakeun yen maranéhna keur ngajugjug ka Soréang rék
nepungan dulurna. Manéhna nyarékan ka adi kuring meuni laklak dasar jeung ménta
ganti rugi, ampir-ampiran ditonjok (ceuk kabogoh adi kuring). Nya kitu deui
salila babadiamian jeung kuring, napsu tamu nu ngorana angger ngagugudag! Siga
nu rék ngerekeb-ngerekeb waé ka adi kuring. Salila badami téh, si tamu nu
gendut teu weléh kukurilingan panonna ningali kaayaan. Bréh téh poto Bapa
kuring maké baju dines jeung babaturanana, manehna rada leuleuy. Indung kuring
nerangkeun, yén bapa kuring gé tentara tapi geus maot.
Supados jéntré mana nu reksakna, sareng kedah sabara abdi ngagentosna urang
sauran wé atuh tatanggi abdi nu gaduh bengkél, ceuk kuring usul da teu ngarti
deuih kana urusan momobilan. Maranéhna nyatujuan. Wah, nya wé
mobil dines téh
kentob tukangna péngok ditanduk ku beusi paragi ngahalangan bémper (Protect
Bumper) alias tanduk mobil adi kuring.
Sanggeus ditingali, ditelek-telek, dikira-kira kudu sabarahaeun, tatangga
kuring ngomong,Mmmm
Pak pami badé dikabéngkélkeun ayeuna mangga, ku abdi
dilereskeun. Kuring nawarkeun dioméan harita kénéh di béngkél tatangga kuring
méh kanyahoan béak sabaraha-sabarahana. Maranéhna keukeuh da mobil dines, kudu
harita kénéh dibawa balik ka Jakarta. Kuring angger boga curiga, sieun ditipu
digedéan mayar karugian, ari maranéhna keukeuh mbung dioméan di Bandung.
Tungtungnamah disaksian ku tatangga kuring, mobil manéhna dibawa ka Jakarta,
kuring kudu ngagantian karugian ditransfér sanggeus gajihan Rp. 600.000,-
Karék inget, ceuk Bapa kuring (jenatna) mun aya nu ngaku-ngaku ABRI/Polisi
pénta kartu anggotana. Nya ku kuring maranéhna dipénta KTP jeung kartu anggota.
Cik manéh mawa teu? ceuk nu gendut kanu ngora.
Ah, nggeus nu manéh we atuh. Ceuk nu ngora kanu gendut (Harrr
kalahka
patuduh-tuduh?).
Song wéh diasongkeun kartu leutik, sihoréng lain kartu anggota tapi kartu
ngaran.
Letkol (Laut) D dinesna di MABES Cilangkap. Nya, kapaksa wé kuring percaya.
Manéhna dibéré kartunama kuring, bari ménta no HP. Teu gaduh HP Pak?... ceuk
kuring da sieun dipaké teu puguh, Moal nya teu gaduh HP wayah kieu? ceuk
manéhna deui teu percayaeun. Tungtungna ku kuring dibéré no telepon imah.
Saminggu sanggeus kajadian éta, aya fax asup ka komputer kuring. Manéhna nagih,
tapi aya perincian biaya karuksakan mobil jumlahna ngagedéan, teu kira-kira
jadi 2 juta! Tuh, bener rarasaan kuring teu salah pasti ditaékeun. Atuh puguh,
kuring geumpeur kacida
duitna timana?! Kuring langsung nelepon ka kantorna, teu
diangkat. Ka imahna teu diangkat. Wah, ieu no telepon palsu cigana! Fax kadua
kaluar deui poe eta kénéh, keukeuh nagih
Ké
ke
kuring jadi inget basa ménta kartu anggota téa. Mun nya manéhna pangkat
Letkol nu dines di Mabes Cilangkap, naha jeung babaturanana pamanéh-manéh?
Sahanteuna mun nu ngora supirna, pasti pangkatna antara Tamtama jeung Bintara,
naha ka Letkol D nyebut maneh? Pan di militer mah aya istilah hirarki
téa?...masing maké baju paréman oge aturan mah kudu aya.
Aéh, nya boga adi Polwan nu di Jatim, tapi ké heula
.sanajan Perwira tapi
sihungna pondok kénéh, pangkatna lain bantrak-bantrakeun jeung Letkol D. Tapi
angger kuring ménta bongbolongan ka adi kuring. Geus wé ménta lapor ka Pulisi
daérah dinya
salah sorangan lain harita dibéréskeun, atuh geus haseum
ayeunamah
jadi wé ngagedéan biayana, kadé bisi tipu deuih!. Kuring keukeuh
mbung ngalaksanakeun da geus paheut jangji rék nganggantian Rp. 600.000,-
Kapaksa adi kuring ngadikté dina telepon kudu kieu kudu kitu
lumayan
jadi aya
tanaga.
Isukna, kuring langsung ngatransfer Rp. 600.000,- ka rekening manéhna, buktina
difax bari disuratan, yén mun masih kénéh nungtut jadi dua juta, kuring teu
sanggup da teu boga duit. Ku kuring dititah lapor ka Pulisi Bandung bari nyokot
formulir pengaduan nu dituduhkeun ku adi kuring. Mun keukeuh sureukeuh kénéh,
kuring nékad rék ngadep ka atasanana sakalian di Mabes Cilangkap heheh
.
Alhamdulillah, fax tungtutan sésa duit nu Rp. 1.400.000,- teu mucunghul nepi ka
poe ieu.
ro2.
[EMAIL PROTECTED]
[Honda CB Indonesia] FWD: STOP AROGANSI (polisi lagi???) lawan dan s
Buat Bapak KOMBES POLISI Muhamad Siri Mahmud, terserah Bapak mau bertanggung-
jawab atau tidak mengganti biaya kerusakan mobil kreditan
saya yang disrempet mobil Bapak karena Bapak tetap tidak mau memberitahukan
kemana saya dan suami saya harus mengantarkan kwitansi
biaya perbaikan mobil tersebut, yang pasti Bapak yang sebenarnya sudah
menghinakan dan menistakan diri Bapak sendiri di depan orang banyak dan
Bapak berhutang permohonan maaf kepada saya.
Faithfully Yours,
Ms. Jeannie Kiagoes
Free Trade Agreements Cluster
Bureau for Economic Integration and Finance
ASEAN Secretariat
70A, Jalan Sisingamangaraja
Jakarta 12110 Indonesia
Tel. +6221 - 726 2991, 724 3372 ext.381
Fax. +6221 - 739 8234, 724 3504, 720 0848
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com