Asa nyambung yeuh!
kamari waktos ngaluuhan kongres di rajamantri kaler
23, kuring uplek ngobrol sareng rerencangan Teh Ika,
anu nembe ngagondol Doktor Elmu Pamarentahan ti Unpad.
Jangjina na mah, ringkasan disertasina bade di
"alungkeun" kanggo baraya KUSnet.
Urang antosan wae, kumaha eusina.
Naon anu dikedalekun ku Bah Willy sareng Kang Irpan,
ngan sabgian alit wae anu ngajanggelek jadi budaya
korupsi. Tapi teu tiasa disakompetdaunkeun, jeung rada
kontraproduktif lamun, terus-terusan diomongkeun bari
jeung teu aya solusi/soluna na. Paling heunteu urang
kedah gaduh sikep anu positif sareng optimistis dina
nyanghareupan hirup kahareup.
baktos,
mrachmatrawyani
--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > "irpan rispandi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Ceuk cenah, di jaman baheula, anu berhak mengenyam
> pendidikan
> teh . > ngan ukur kalangan menak.
> > tah lantaran kungsi ngarasaan sakola, tangtu pola
> pikirna
> > berkembang, teu heran lamun aya anu ngagedur
> sumangetna pikeun
> > ngabebaskeun "rahayatna".
>
> Bener pisan Kang Irpan, keur jaman kolonial, nu bisa
> sarakola teh
> kaum menak (jeung oge nu beunghar). Ngan argumen yen
> kaum menak nu
> jadi pahlawan teh kulantaran sarakola, teu pas
> pisan. Sabab aya oge
> nu ngabandingkeun jeung kaayaan ayeuna. Ayeuna pan
> nu sarakola geus
> loba, nu sakola luhur ge teu pirang2, tapi geuning
> korupsi beuki
> mahabu. Malah nu sarakola laluhur nu korupsina
> panggedena ....hehehe
>
> Ari ceuk kuring mah salian ti faktor sakola (sakola
> kurikulum
> kolonial sabenerna mah), oge memang aya etika/niley
> di kaum menak nu
> diwariskeun ti luluhurna yen maranehna teh kudu
> mimpin (jadi
> priyayi) jeung ngalindungi rak'yat anu rek
> dipimpinna. Jadi aya
> sikep "tanggung jawab" ka nasib rakyat nu geus
> kapelak dina diri
> kaum menak ieu. Faktor ieu oge sigana nu ngadorong
> kaum menak
> terpelajar jadi kokojo dina nararas kamerdekaan.
> Menak oge boga
> tanggung jawab kana aran nu dibabawana, lamun
> maranehna boga
> kalakuan goreng, lain aran manehna wae goreng, tapi
> oge bisa mamawa
> ka dulur jeung luluhur maranehna.
>
> Jadi ceuk kuring mah, sanajan feodalismeu aya sisi2
> negatifna, tapi
> aya sisi2 positifna. Tah sisi2 positif kaum menak
> ieu, sigana kudu
> diguar ... terus lamun bisa dipelak di sakumna urang
> Sunda (rek
> turunan menak atawa cacah) supaya urang Sunda boga
> etika/niley
> positif saperti nu dipikaboga ku para pahlawan Sunda
> ieu. KASUNDAAN
> model kieu nu sabenerna paling penting keur
> nyanghareupan jaman
> kahareup ....
>
> Hahahaha ....ngacapruks deui.....
>
> Baktosna,
> WALUYA
> (lain turunan menak)
>
>
____________________________________________________________________________________Be
a better Globetrotter. Get better travel answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.
http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545469