Rampes jang Ndud...., hehehehe....., insya Allah lamun tea mah jadi tempat HBH di Buper kiarapayung jatinangor soal angkutan ka lokasi mah pasti disayogikeun pikeun ngabantu baraya sakabeh anu bade ngiringan, nu penting ayeuna niat nu pasti bakal ngiluan jeung siap bakal ngilu nyukseskeun ieu HBH ku jalan gawe babarengan, pan sukses mah saha nu reueus pastina baraya Kusnet sakabeh sanes....hehehe..
kanggo kang Edy..., teu sawios kang, pido'a wae mugia lancar bin sukses dina waktosna. teu hilap sambung do'a kanggo tuang rai (bojo akang) mugia enggal damang teu damangna.....amin. hatur nuhun sateuacana kana kasogian bade ngabantos HBH dina waktosna, nuhun kang... cag....ah, "kkbm'69" On 5/15/07, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > sampurasun... damang bah? oge nu sanesna mugya salawasna aya dina > panangtayungan gusti nu murbeng alam. > > waas tuda lamun hbh jadi di buper. jadi nineung waktu masih ngiluan siaga > baheula. ngaranna we kemah. padahala ukur pindah sare. da sagala rupa geus > disadiakeun ku pembina heuheu... jigana mah hbh ge kitu, sikuring tinggal > ngadaweung, sagala tos diatur panitia, panatacalagara tea... > > punten, ti sikuring... > > dh >

