belah mana ki? ka deukeut masigit deui kitu? baheula mah kuring kungsi ngadenge beja ibukota sumedang pindah ka ujung jaya. cenah sakalian jeung ngawujudkeun uga sumedang nu ieu:
Tah, koe lantaran di Soemedang tjoréngtjang, dajeuh téh bakal pindah ka Oedjoeng Djaja (district Tomo); ari kota ajeuna djadi district sepi, ngan di dinja téh bakal aja Panembahan noe djadi koentjénna Lingga Wati téa, sabab éta Lingga téh engkéna mah baris djadi pangdjarahan noe kawéntar ka mana-mana. uga salengkepna bisa ditoong di : http://deha.wordpress.com/2005/12/16/oega-soemedang/#more-38 hehe, dh On 5/15/07, kuncen kasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aya beja cenahmah kantor kabupaten rek pindah ka daerah TALUN (Tegal kalong) Sumedang realisasina geus dimimitian cenahnah dana oge geus turun 400milyaran. lamun ennya mereunan balik deui ka asal soalna baheula oge da perkantoran kungsi di Talun pernahna di Tegal Kalong. Kantor anu ayeuna ceuk beja rek dipake gedong kabudayaan kabupaten sumedang. mudah-mudahan geus kantor anu anyar sumedang bisa leuwih ngaronjat dina sagala widang pangwangunanna. Kuncen Kasep Darmaraja, Sumedang _,___
-- dh ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

