Mairan ah bari ngetes imel anyar
Cenah mah ......
lamun dolar turun teuing, eta teh cenah sok ngajadikeun "false alarm"
kulantaran dolar turun barang luar jadi murah
kaasup duit injeuman oge murah
eta nu bahayana .....
soalna bakal loba anu wani nginjem dolar (rek bentuk duit atawa barang)
tah pas mayarna nu dipikasieun teh dolar malah naek
eta kajadian waktu krismon
dolar turun teh alus lamun disababkeun ku "kinerja ekonomi"
matakna bu mantri duit langsung "ngawanti-wanti"
bisi ...... cenah
dolar turun oge nyababkeun "kinerja ekspor melemah"
soalna harga barang urang secara relatip jadi mahal
tah kituw meureun
kang Iman
nuimelkusnetna KO
Ade Fitriana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Duka
atuh asa matak bingung....ti kapungkur ge ari rupiah naek (mun ceuk
para pengamat mah "menguat") para ekonom jeung pejabat kalah sok siga nu
teu suka, sok gancang-gancang dikomentaran "terlalu menguat"
-aneh...?.Moal kitu sieun investasi dollar-aranjenna nilai na
anjlok??.punten suudzon.
waluya56 wrote:
>
> Baraya, geus aya dua mingguna niley rupiah naek tina dollar. Dollar
> ayeuna hargana disahandapeun 9000 perak. Ieu teh tanda-tanda naon
> nya? bakal jadi alus atawa tambah goreng ekonomi Indonesia teh. Ceuk
> dina koran, Menteri kaduitan malah ngomong kudu ati-ati, sabab tanda-
> tanda ieu, ngaharib-harib jeung kaayaan samemeh krismon 10 taun
> katukang. Jeung deui anehna, ceuk na koran oge, lamun meser dollar
> tunai, ayeuna kacida hesena. Di tempat panukeuran duit, dollar
> kurang/ teu aya.
>
> Satadina mah ngarasa atoh dollar turun teh, sabab budak nu cikal
> ngurihit hayang notebook/ laptop, butuh cenah keur di sakolana. Can
> dipangmeulikeun da nyaeta mahal. Tah meureun lamun dollar turun mah,
> barang elektroinik oge ngilu turun, kabeuli yeuh laptop teh.
> Kabeneran deuih kuring boga tagihan di salah sahiji pausahaan
> konsultan di jakarta.
>
> Eh ...barang ditagih, kalahka sasadu, menta tempo, pausahaan acan
> dibayar oge ku klienna, sabab klienna ayeuna embung ngaluarkeun duit
> dina rupiah nu hartina ngaluarkeun dollar leuwih loba. Ah nasib,
> euweuh untungna geuning keur kuring mah dollar turun teh.
>
> Cik kira-kira ka baraya anu terang, rek aya naon nya ieu teh?
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
> ----------------------------------------------------------
>
> No virus found in this incoming message.
> Checked by AVG Free Edition.
> Version: 7.5.467 / Virus Database: 269.7.0/804 - Release Date: 5/14/2007
> 4:46 PM
>
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com