aya deui hartosna bujur.. sim kuring kantos dua sasih di delitua sumatera utara. diditu mah hartos bujur teh malihan mah teubih pisan tina hartosna imbit. bujur dina basa batak karo mah hartosna hatur nuhun, upami eneng mah kirik hartosna teh.. tah kitu geuningan perbentenan bahasa teh meuni kadang2 janten pilucueun tapi kadang2 janten pipacengkadan.
On 5/11/07, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ua abdi mah upami ngadangu kecap bujur teh sok emut pangalaman waktos ngumbara di Pontianak. Cariosna teh waktos lebaran dina tahun 2000 kaleresan pun anak nu kadua teh nembe yuswa 5 tahun, harita teh ngiring sholat Iedul Fitri. Ma'lum budak atuh ....... ari kolot mah sarolat manehna mah karah heureuy jeung lanceukna. Naaaaa eta mah pas nuju Ruku ari celengkeung teh nyarios " iiiiiihh bujur semuaaaa" pokna teh (padah eta meureun ningali nu sholat naronggeng ). da etamah abdi sakedapan mah hayang seuri bari jeung rada era, tapi saparantos diemut kecap bujur di Pontianak mah hartosna teh lempeng (lurus), ahirna mah abdi teh acuh weee.......... Tah kitu pangalaman teh..... geuning bujur teh di tempat lain mah aya harti anu benten jeung di urang nyaeta lempeng (lurus) Wassalam [EMAIL PROTECTED] wrote: ----- To: <[email protected]> From: "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> Sent by: [email protected] Date: 05/08/2007 05:29PM Subject: Re: [Urang Sunda] Kanggo MSasmita Hartos bujur dina basa Indonesia numutkeun KBBI nyaeta 1. panjang dari suatu bidang, 2.posisi timur atau barat suatu tempat di permukaan bumi yang diukur dengan meridian. Ari bujur dina basa Sunda numutkeun KUBS mah nyaeta birit ari lemesna mah imbit (walah jauh pisan hartina teh...he he...). Hatur nuhun ka sadayana nu tos ngalokan kana masalah "bujur timur" MSas ----- Original Message ----- *From: *Djakaria Purawidjaja <[EMAIL PROTECTED]> *To: [EMAIL PROTECTED] ups.com <[email protected]> *Sent: *Wednesday, May 09, 2007 2:48 PM *Subject: *[Urang Sunda] Kanggo MSasmita Rupina tos seueur reaksi asupan tina perkawis bujur dina istilah basa sunda, yakin masalahna sanes eta wungkul, kanggo bahan diskusi hayu urang teraskeun sugan aya nu ngalokan. Wass DP

