Sakompet jeung abdi mah...malah di Houston oge aya
grocery namina "Holland House"..anu ngical peuteuy
pesekan dina botolan....aya oge nu meulina..urang
Asia...

--- Dadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Sigana lain urang Sunda wungkul nu resep jengkol
> jeung peuteuy teh, urang seler lain ge raresepeun.
> Buktina di RM Padang sok aya rendang jengkol, malah
> babaturan kuring urang Bengkulu mah sigana kajeun
> teu dahar lamun euweuh jengkol teh. 
> Kuring pribadi nyandu pisan kana peuteuy jeng
> jengkol teh. Lamun di imah, pamajikan masak daging
> sapi dikecapan, pais hayam, lodeh, sambel, goreng
> peda beureum jeung beuleum peuteuy, sanguna
> pandanwangi campur.. na .. da pasakan anu tilu ti
> heula mah dilwat kabeh, nu dihenggoy teh eta we
> beuleum peuteuy, sambel jeung goreng peda beureum.
> Jongjon eta teh.. mitoha ngaliwat ge ampir teu
> kaciri.. sadar2 teh boboko tinggal sokona.... poho
> kahuapkeun...
>  
> baktos,
>  
> Dadi
> tukang noongan wungkul, can pernah jengkoleun
> 
> 
> ----- Pesan Asli ----
> Dari: surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
> Kepada: [email protected]
> Terkirim: Selasa, 15 Mei, 2007 11:50:03
> Topik: Re: [Urang Sunda] JERING
> 
> bela dirina pelahap jengkol...sareng peuteuy..
> 
> Enya nya ari urang beuki katelah intelek..kunaon
> loba
> jelema anu ngarasa risi..lamun manehna disebut beuki
> jengkol... jeung peuteuy. Ibu2 oge lamun meuli
> peuteuy
> dipasar tterus papanggih jeung baturna anu kelas
> sosialna leuwih luhur...terus can ditanya oge
> ...ngeus
> nembal..."bade ngadamel sambel goreng" (padahal rek
> dibeuleum jeung jambal roti !). tapi aya oge..budak
> ngora eksekutif pas abdi tuang di Warmo tebet siang2
> ,
> turun tina C-240..dep sumadep mesen lauk
> asin,pindanng, semur jengkol sareng gepuk. keur
> asyik2
> emam..ari pek teh gorowok manehna bari seuhah; " Bi
> rendang jengkolna tambah". ieu budak nggeus teu boga
> life trend barrier sigana...normal. .simple and
> easy.
> 
> Tina anu golongan anu ngahandapkeun dahar jenkol
> jeung
> peutey..saya mah can gaduh rationale anu pas, eta
> ngalarang jengkol sareng peuteuy teh. Aya hiji
> Ustadz
> anu nyebatkeun eta teh makruh...Ah abdi mah teu
> percaya..kabebasan interpretasi. ..jengkol
> terus..peuteuy terus...Rarasaan leuwih bersih jeung
> kuang ijid dibandingkeun dahar bangkong, keong, oray
> di restoran mewah. pek weh....
> . 
> 
> 
> 
>       
>
________________________________________________________
> 
> Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! 
> http://id.yahoo.com/




 
____________________________________________________________________________________
Need Mail bonding?
Go to the Yahoo! Mail Q&A for great tips from Yahoo! Answers users.
http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396546091

Kirim email ke