Ieu seratan abdi kenging di
http://irfananshory.blogspot.com/2007_03_01_archive.html


Harti kecap "Sunda"
NAON HARTINA KECAP "SUNDA" TEH?

ku
IRFAN ANSHORY


Di Masjid Nabawi, Madinah, dinten Salasa ping 11 Juli 2006, simkuring
papanggih sareng rombongan anu ngaranggo atribut "SUNDA PILGRIMS,
PUNJAB". Simkuring mani buncelik, geuningan ngaran SUNDA dianggo ku
urang Pakistan! Ngahaja simkuring nyampeurkeun tuluy ngobrol sareng
éta urang-urang "Sunda" bari ngantosan adan isya'.

Numutkeun katerangan maranéhna, Sunda téh sihoréng ngaran dayeuh
leutik nu anggangna 250 km tina Lahore ka palih kidul. "What is the
meaning of SUNDA according to your language?" taros simkuring. Aya nu
némbalan, "It is an old Sanskrit word, means BRIGHT."

Tah, panginten kecap Sunda anu janten nami sélér urang téh saleresna
mah tina basa Sangsekerta, anu hartina "hérang" atanapi "caang",
sanajan aya ogé pamadegan yén Sunda téh tina kecap çuddha ("bodas")
atanapi sonda ("sugema"). Mugi ieu informasi aya mangpaatna.***




Kirim email ke