Harpitnas*timanan ngalamun, ningan mairan*ku basa Santana wé nya heheh* Salaku urang Sunda, sakapeung mah sok sirik ka bangsa nu pétét panonna alias bangsa Tionghoa. Dibandingkeun urang Sunda, maranéhna mah waranian maké ngaran ménak. Contona, loba babaturan kuring nu tungtung ngarana ciga ménak kayaning Librata, Kartajaya, Indrajaya, Natanegara srrd. Ari indung kuring dicaram ku Bapa kuring rék méré ngaran kuring dimimitian ku Néng atawa Enéng* Ceunah,"Geus, ngaran mah kitu wé tong maké Enang-Enéng sagala. Jung, ka Bandung geura*diditu loba Enéng!" Ari pék téh nya wé*di Bandung mah, unggal awéwé disebut "Enéng" kaasup indung kuring nu geus sakitu kakolotanana sok disebut Enéng ku tukang béas nu di pasar heheh*
Lamun ngagunemcaturkeun masalah "getih bulao" hususon keur urang Sunda téh sok éra jeung hayang seuri. Lain nanaon aran-aranan ménak jaman kiwari téh geus teu pati dihargaan, da éta mah titinggal ti karuhun nu ngalaman jaman Walanda. Saleuheung mun di Cirebon, Solo atawa Yogya da puguh jugrug jeung bungkeuleukanana, aya raja jeung karatonna nepi ka kiwari. Raja Sunda mah geus kari sajarahna wungkul, tapi mun ku pamaréntah gelar ménak disertifikasi mah puguh deui* ari nu ngan saukur ngaku-ngaku? Heuheu* Siga wé nu ngeunah jadi ménak téh*padahal mah baroraah, sagala paripolah urang jadi balakacapangan batur, kumaha wé siga seleberiti. Mun aya nu teu pantes dilakonan, piomongeun batur, ceuk bangsawan ti Inggris téa mah (kungsi maca na koran atawa majalah poho deui*) kudu bener-bener "jaga sikap". Contona mun ngalakukeun teu bener sok aya nu ngomong,"Ih, si éta ménak-ménak ngomongna songong jeung goréng kalakuanana geuning*" padahal ménak gé manusa lin? Turunan ménak hirupna lubak libuk loba warisan ti kolot, gawéna ucang anggé tara digawé-gawé acan da aya nu ngagawékeunana, kari nunjuk... itu cokot, ieu bawa. Tapi étanamah di Karajaan Mimpi heheh*ayeunamah loba ménak nu sangsara da ku ngedul jeung teu bisa ngamangpaatkeun warisanana. Nu ngarana harta banda téa* mun teu bisa "ngagolangkeunana" , antukna béak dijarualan. Sabalikna loba cacah kuricakan nu naék daratjana, satékah polah maranéhna sakola nepi ka paguron luhur, meunang gawé nu hadé, atawa dagangna payu, jadi wéh jalma beunghar. Maca dongéng Ibu Mooryati S, jadi inget ka guru Biologi kuring nu turunan karaton Yogya. Manéhna gé meunangkeun cacah, milih kaluar ti karaton nepikeun ka teu diaku turunan ningrat ku kulawargana. Tapi da awéwé mah biasana teu pati masalah, mun lalaki kuat pisan pangaruhna kudu waé meunangkeun ménak deui. Di lembur kuring mah béda deui, aya dua jajaka si A jeung B nu rék ngalamar hiji wanoja. A turunan ménak tapi sangsara, B beunghar tapi cacah. Ku indung bapa si wanoja dititah milih si B baé, alesanana téh,"Ah, keur naon meunangkeun si A, da ménak mah teu ngeunah didahar*" heheh. ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 05/17/07 07:51AM >>> BRA Mooryati Sudibyo, SS. M.Hum di Fakultas Ekonomi UI. Anu aheng dina acara ieu teh, "perjuangan" menak jawa ieu anu geus 79 tahun, rangda anu ditinggal maot ku salakina. --- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > hehe. tah didinya, kudu kuat mentalna. > ke urang inget2, naha si kuring nu ngan ukur Surili > (jenis monyet nu ngan > aya di tatar sunda) Galuh, wani2 datang ka acara > Paguyuban Wargi Sunda di > hotel Savoy harita, nya? asana mah harita teh > ondangan mah pikeun rektor, nu > pengkerna Suraatmadja, teureuh Sumedang oge tah. si > kuring dipenta > ngawakilan. harita ge asana mah nolak, "punten, pak > da abdi mah asana sanes > turunan menak." > rektor ngadon gumujeng. "Ah, ulah kadinya mikirna, > mikirna mah, papada urang > sunda." > lah2an we datang peutingna teh. hehe.

