Katangen pisan Zaim Uchrawi teu nyangkem budaya Sunda jeung Jawa. Disangkana
ngan sakitu-kituna palsafah Jawa jeung Sunda teh, nepi ka kasimpulanana
gagabah. Asa piraku nya pantar Zaim anu cenah wartawan senior, teu hatam kana
'roh' Sunda jeung Jawa. Najan teu kungsi nalungtik, atuh riset pustaka mah ari
kangaranan wartawan mah nya fardu ain, sanes? Upamina wae, maca Etika Jawa
Frans Magnis, atanapi Kebudayaan Sunda Edi s Ekajati. Eta tina sisi budayana.
tangtuna aya sisi hengkerna, tapi aya sisi punjulna. Tapi ari nepi ka
kasimpulan bangsa indonesia moal maju lantaran 70 persen warga urang jawa jeung
sunda mah, gagabah pisan.
Atuh tina sisi data jeung fakta, leres sapertos anu disaurkan ku tatang
sariman, butuh riset anu langkung teleb, supados jembar panalarna. Di dieu
katingal kahengker Zaim Uchrawi, bisa disebutkeun padu nulis.
Boa-boa memang lebah dieu kahengker para jurnalis ayeuna. Ketang boro-boro
pantar Zaim atuda, pantar thomas freidman wae, pedah ngalanglang india, tur
kituna teh ukur di kota wungkul, nyimpulkeun yen dunya teh datar. lantaran
manusa geus silih tembus ku ayana internet. sarwa kakeupeul. cik geura pami
kang thomas ka cidaun, bungbulang, saketi, teras ka wilayan benua afrika,
amerika latin, teras bandingkeun sabaraha persen antara kota sareng padesaaan,
cukcruk di nagara mana anu internet tos tembus ka desa desa? Tah bisa-bisa
terbit deui buku anu judulna dunya teh garinjul....
Nya, kitu tah salasawios kalemahan jurnalis teh he he.........kalebet anu
nyerat ieu...sok gagabah nyimpulkeun, ngedul maca jeung riset. Kantenan
nalungtik anu lega mah...sok isin ku rosihan anwar..tos sepuh tapi risetna
mah....ngelehkeun budak anom........
---------------------------------
Give spam the boot. Take control with tough spam protection
in the all-new Yahoo! Mail Beta.