Ceuk cenah oge (da lain hasil nalungtik)

Dina silat tradisional sunda aya sababaraha gaya
(aliran) anu kuring apal nyaeta
1. Pa macan - niru niru macan
2. Pa Monyet - niru niru monyet
3. Cimande - aslina ti cimande -cirina khasna rikat
4. Cikalong - aslina ti cikalong -cirina khasna kuat
5. sah bandar - ti daerah basisir- ciri khasna muter
awak jeung najong ka tukang (siga silat minang)

Ngan lamun silat ayeuna mah (nu di bandung) asana teh
campur, euweuh nu "original breed".

terus aya deui tepak ibing kendang penca
1. tepak dua
2. tepak tilu
3. tepak paleredan 
4. tepak kempring
5. golempang
6. padungdung

meureun loba keneh nu lain ....





--- A Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> ngiringan kasauran wa Sidik, 
>   Di Cianjur aya ahli silat (maenpo) jenenganana
> Mama Sabandar. Sabandar teh dijadikeun nami
> patempatan, pami teu lepat kelurahan kitu? ceuk Aki
> mah kecap Sabandar teh tina Syah Bandar anu mangrupa
> gelar pikeun nu ngajaga di palabuhan jaman
> kapungkur. duka tah, naha eta penjaga-penjaga nu
> nyebarkeun silat atanapi maenpo teh asalna ti
> palabuhan kitu nu dipiwarang ku pangawasa
> (pamarentah) dina urusan pajak. Teu acan marios
> sumberna mah, mung ieu mah sumberna ti Ujang Ahmad
> umur 68 (pun aki)..heuheu
>   
> 


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke