Ningan di waler ku nyalira..sae wae atuh...Ngan upami
usaha pulsa mah modalna kedah lumayan  ieu anu teu
disebatkeun dina surelek..upami kartu anu 100,000 an
teh untungna ngan 1000-2000/per kart..anu nileyna
handap untungna oge alit 500-1500 an/per kartu. janten
hartosna profit to investment rationa rendah...ageung
modalna...tapi percanten ari larisna mah..ari gaduh
network pertemanan anu sae.

tapi di Jkarta kanggo Wanoja..anu teu kedah ngangge
modal artos ngan sakadar ongkos..nyaeta janten guru
les nari pergaulan latin (line dance, cha caha,
salsa,rumba, country, jrrd). Sakali datang antra Rp
100-200 rebuan/jam, kumaha jumlah rombongan muridna.
Kitu oge lews privat musik vokal, gitar, piano..sami
rata2 antawis 75000-100000/jam. Aya kenalan pun bojo
anu profesina ngajar les nari latin..sadinten ngalatih
3 rombongan 300,000 an saditen. Lumayan sasasihna.
lamun Ibu2 muridna teh aya acara.sok diundang keur
janten bobotoh nari rombongan..eta teh tarifna 500.000
rupiah.


--- Firman Juliansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Sigana mah, bisnis pulsa cocog kanggo anjeuna.
> Kumargi anjeuna mah seueur pisan rerencanganna.
> Upami wawanohan sareng jalmi, enggal pisan raketna
> teh. Manawi anjeuna minat, kumaha carana, sabaraha
> modalna? 
> 
>     ----- Original Message ----- 
>     From: K7/P1 
>     To: [email protected] 
>     Sent: Wednesday, May 16, 2007 5:55 PM
>     Subject: Re: [Urang Sunda] peryogi padamelan
> kanggo pun adi
> 
> 
>     pami kersa binis pulsa, mangga mangpaatkeun
> network, sadaya organisasi di suplly, mahasiswa,
> dll. 
> 
> 
> 
>     On 5/16/07, Tatang Sariman <
> [EMAIL PROTECTED]> wrote: 
>       Kumargi nuju kuliah damelna kedah mandiri, ari
> istri mah tangtos tiasa masak? kumaha upami
> ngadamelan nasi kuning kanggo sarapan renrencangan
> di kosan, atanapi kanggo karyawan sareng dosen di
> lingkungan UPI, atanapi ngadamelan kueh, pisang
> goreng, sareng sajabina. Kanggo modal kerjana mah
> tiasa diusahakeun. Eta padamelan mung sakadar
> samentawis bae, engke upami tamat diajar teras
> dianggkat janten ibu Guru sigahna aya gajih. Kitu
> bongbolongan ti aki tams. Anu penting sakola ulah
> bantut gara-gara teu aya artos, padahal kagungan
> potensi, mangpaatkeun eta potensi sing janten nyata.
> Bekel anu utami niatan urang milari kasab, sabab
> Alloh SWT moal mungkin teu ngarijkian sadaya
> makhlukna. Urang mah mung wajib ikhtiar, hasilna
> sanggakeun ka anu Maha Ngatur, Insya Alloh tiasa
> tinekanan anu dipimaksad, aamiin. Mhs aki di Msia
> oge seuedur anu icalan sapertos kitu,alhamdulillah.
> Ongkoh ari di Msia mah khususna mhs UTM aya waktos
> libur semester 3 sasih, waktos eta anu
> dimangpaatkeun usaha kitu, naha di pasar malam,
> ngasong ka kantor2, aya anu ngadamel di grai makan
> (gajina RM3.0 per jam./part time) = - + Rp
> 7.500.00/jam. kan sepuhna kabantos. anu dilayanna
> oge rerencangan sa kampus, teu aya nu nyebat isin.
> Emut nya gengsi dina usaha halal teh ngahambat
> kamajengan. Sok cobi heula sing leres-leres ngoreh
> rejeki urang anu pasti dipasihanana, mung ageung
> sareng alitna urang teu tiasa mastikeun. Usaha naon
> bae teu aya anu jleg ageung, hartosna cobi ku modal
> anu kabedag heula, upami tos aya irongan majeung,
> modal mah tiasa dibantos, tong salempang. 
> 
>       Firman Juliansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
>         Sim kuring ngagaduhan rai istri nu nuju
> kulaih keneh di UPI, Bandung. Ayeuna anjeuna tos
> dugi ka semester 9. Dina saminggon, kuliahna mung
> dua dinten. Ayeuna anjeuna nuju peryogi pisan
> padamelan nu tiasa nambihan kanggo waragad kuliah,
> ngontrak kamar, ungkas-ongkos, sareng katuangan.
> Anjeuna ayeuna nuju muter otak sangkan teu gumantung
> ka pun biang sareng pun bapak nu yuswana tos dugi ka
> 70an…Manawi aya nu kersa masihan bongbolongan nu
> mangrupikeun useup, sanes lauk… diantos pisan. 
> 
>          
> 
> 
> 
> 
> 
>
--------------------------------------------------------------------------
>       Ready for the edge of your seat? Check out
> tonight's top picks on Yahoo! TV. 
> 
> 
> 
> 
> 
>     -- 
>     ::ri_1::
>     Hompage : http://inawan.blogspot.com
>                     
> http://inawan.blogs.friendster.com 
>     Mobile     : +62-818-109410
>     www.urang-sunda.or.id.
>     su.wikipedia.org
>     [email protected] 
>     [EMAIL PROTECTED]
>     urangtasik.multiply.com
>     inawan.multiply.com 
> 
>      
> 
>  
> 



 
____________________________________________________________________________________
8:00? 8:25? 8:40? Find a flick in no time 
with the Yahoo! Search movie showtime shortcut.
http://tools.search.yahoo.com/shortcuts/#news

Kirim email ke