Euleuh..

Eta nu disebatkeun 'mati-suri' tea panginten nya?
Ibu-na rerencangan abdi ge aya nu sapertos kitu, nanging sanes satengah 
jam, ieu mah dugi ka satengah dinten.  Raraosanana mah saurna asa nuju 
jalan-jalan di kebon nu pinuh ku kekembangan, sareng deuih raraosanana 
mah mung sakedap pisan, teu dugi ka jam-jaman.

Ngan nyakitu, sabada 'gugah', waktosna rada lami kangge jagjag deui na 
teh, henteu langsung calik, angot dugi ka ngadeg mah.. panginten 
'peredaran darah'-na teu langsung lancar.  Alhamdulillah dugi ka danget 
ieu sehat deui, malah langkung jagjag tibatan sateuacan 'pupus'..
Nanging aya nu matak aneh tur araraheng, ayeuna anjeunna tiasa 'ningali 
nu teu katingali', sakapeung mah matak watir.. eta geura kungsi dugi ka 
ngudag2 neng kunti bakating ku keuheul, bongan nembongan wae cenah..
Malah kungsi dugi ka geubis, tigubra, saurna mah aya nu nabrak.  Tapi 
anjeunna mah teu ngaraos gaduh 'cecepengan' nu araraneh, boh isim boh 
elmu kabatinan.. polos wae.. Walloohu'alam..

Nu langkung aheng, anjeunna ayeuna kedah ati-ati pisan 'ngajaga' 
cariosanana, utamina tong nyumpahan batur.  Kawitna mah teu sadar, 
nanging tos sababaraha kali nyumpahan batur (tangtosna nu goreng) bet 
geuning kajantenan.. rata-rata mah picilakaeun.. janten ayeuna mah 
alhamdulillah anjeunna ngadu'akeun batur teh nu sararae we.. amin..

Ah.. kaleresan eta mah panginten nya.. walloohu'alam..


Wassalam,
iwan


abah kasep wrote:
> http://www.pikiran-rakyat.co.id/cetak/2007/052007/16/0105.htm
>  

Kirim email ke