Sdrk. Budyana,-
Tah geuning, nuhun atuh, janten salah sawios buktos, urang sunda teh ceuk
saha kurung batok, ceuk saha urang sunda teh euweuh gadag, pamalesan, manja
ngarasa diogo ku alam, jaman teh terus maju, piraku wae kawas dongeng sikabayan
salamina. sok geura baraya buktoskeun, anu di suklak jeung di sikleukna
uningakeun di ieu milis, kaayaan urang sunda teh.
Aki tams oge aya pependakan, dina basa sadidinten, asana atos diserat di ieu
milis, kecap-kecap anu sami sareng anu biasa diucapkeun di daerah urang sunda,
sami pisan teu bireuk, tulisan, aosan sareng maksadna. Oge upami aya nu naros
asal ti mana teras nyebat ti Bandung, langsung anjeuna nyebat oh urang sunda
ya? kitu tah di Msia oge. Duka timana sareng iraha ngawitanana, aya leueuteun
anu disebat "air Bandung" teu eleh populer sareng leueuteun tempatan 'teh
tarik". Air Bandung warnana beureum sirop; eta leueuteun teh sok diraleueut
dina "majlis pernikahan", perpisahan atanapi majlis sejenna.
Numawi kitu aki yakin urang sunda kiwari lain pisan jeung dina mitos atanapi
dongeng, yen karakter urang sunda kiwari geus robah, kalawan langkung maju, teu
katingaleun jaman.
cag sakitu heula.
budyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aki Tams,
Abdi Bade mang ngacungkeun urang Tasik di Balikpapan nya ...
Di Balikpapan aya hiji daerah nu namina Karang Jawa, tah di eta
daerah teh aya tempat anu katelah ku sebutan Sumur Bandung, cenah mah
baheula didinya teh aya sumur nu tara saat najan keur usum halodo
panjang. Tapi duka kunaon disebat Bandung da geuning nu araya didinya
mah pituin Tasik wungkul.
Sesepuhna anu sigana mah kalebet generasi awal, najan lain kahiji,
anu sim kuring terang namina Mang Uloh. Tah kungsi ngadangu dongengna
yen baheula mah urang tasik nu datang ka Balikpapan teh nya
nganjrekna di imah panggung nua ayeuna dicicingan ku anjeuna. Meureun
ayeuna mah teu kitu deui da lolobana urang sunda nu daratang ka
Balikpapan teh tos jadi "gegeden" di tukang minyak atawa tukang
ngeborna ... aeh muhun, pan kapungkur walikotana Balikpapan teh Cucup
Suparna .. pituin sunda tah.
Salam,
Budyana
(teu make reperensi siga Zaim = "Zaga Image")
Recent Activity
10
New Members
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
Culture change
Corporate culture
Cell culture
Organization culture
Tissue culture
New web site?
Drive traffic now.
Get your business
on Yahoo! search.
Yahoo! Mail
Next gen email?
Try the all-new
Yahoo! Mail Beta.
Y! Messenger
Send pics quick
Share photos while
you IM friends.
.
---------------------------------
Looking for a deal? Find great prices on flights and hotels with Yahoo!
FareChase.