Tuing si akang anu kaliru macana, teuing kuring anu salah cara nulisna sahingga 
si akang henteu ngarti maksudna.

Jelas kuring sedih, pan Malaysia henteu nyebutkeun eta teh seni Sunda ti 
Endonesia. Urang deungeun lianna nganggapna eta teh seni Malay. Sarua sedihna 
waktu ngadenge angklung diklaim sabage produk Malaysia jeung dipatenkeun sagala.

Anu sedih lain kuring wungkul, ibu Sofi Suriaatmadja (urang Sumedang, asli 
Sunda) anu sarua hadir di eta tempat oge sedih. Malah anjeunna mah rek menta 
bongbolongan pa Ayip Rosidi pikeun menta bongbolongan kumaha lamun manggihan 
kasus saperti kieu.


khs579 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  kang asep, 
rada teu ngarti uing mah, naha kunaon pangna salira nepi ka
 sedih sarta keuheul sagala, dumeh seni sunda dipidangkeun di lembur
 tatangga. uing mah malah reueus, yen kreasi urang sunda dipikaresep ku
  komunitas nagri sejen. asa pamohalan dina acara jiga kitu, upama
 panitia nepi ka kudu ngabejaan ka balarea yen eta teh kreasi seni asal
 indonesia. asana di urang oge lumrah, dina acara naon wae, sok remen
 midangkeun kreasi seni deungeun. asa can ngadenge, urang deungeun 
 nepi ka protes dumeh kreasi senina dipidangkeun di lembur urang. (mh)
 
 --- In [email protected], Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 >
 >   Assalamualaikum wr. wb.,
 > 
 > 
 >     Ping 17 Mei dijantenkeun WORLD INFORMATION SOCIETY DAY ku
 International Telecommunication Union (ITU). Kemis ping 17 Mei 2007
 pas pribados sareng delegasi Indonesia sanesna nuju aya di Kuala
 Lumpur ngahadiran acara pangeling-ngeling (celebration) poe masyarakat
 informasi sadunya nu digagas ku ITU.
 > 
 > 
 >     Acara eta diselapan pesan video Program Desa Internet (PDI)
 Malaysia. Aya anu pikakeuheuleun dina tayangan video eta teh kumargi
 kacapi suling dijantenkeun latar padesaan di Malaysia. Bu A. S. Soeria
 Atmadja nu jenten pupuhu delegasi waktos harita oge sedih sareng
 keuheul ku tingkah polah Malaysia sapertos kitu.
 > 
 > 
 > Wengina aya acara farewell dinner. Pribados mah henteu hadir kumargi
 kirang resep kana acara-acara dinner teh. Bu A. S. mah hadir. Enjingna
 anjeunna cacarios cenah dina acara dinner teh dipintonkeun tari Sunda
 kalayan anu ngibingna oge lengkep nganggo anggoan Sunda kalebet bendo.
 Saur anjeunna, Malaysia henteu ngumumkeun eta ibing teh milik
 Indonesia. Eta anu jenten sabab-musabab anjeunna tambih keuheul.
 Waktos bu A. S. naroskeun ka panata calagra naha Malaysia mintonkeun
 seni anu sanes has Malayu, diwaaler cenah eta teh mangrupi seni
 kontemporer di Malaysia.
 >    
 >   Deudeuh teuing Kacapi Suling, ku Endonesa henteu pernah
 digembar-gembor ka mancanagara, malah ku nagri deungeun dipintonkeun
 ka dunya internasional sabari henteu dijelaskeun yen eta teh budaya Sunda.
 >                                     
 >   Wassalam,
 >   Asep
 
 
     
                       

       
---------------------------------
Building a website is a piece of cake. 
Yahoo! Small Business gives you all the tools to get online.

Kirim email ke