kamari, 20 mei, nu can bangkit mah ngarayakeun hari kebangkitan nasional. pas oge nilik tulisan zaim, meureun dina raraga eta. ngahudang sumanget, hanjakal carana salah pisan. sabab mun ngan ukur nembongkeun kagorengan adat tiap seler mah, kontraproduktif, malah ngalemahkeun sumanget kebangkitan nasi aking eh nasi onal. jeung kumaha solusina nu ampuh? sabab adat suradat kitu, sanajan sok dilarapkeun ka hiji seler, sipatna nyakopkeun dautkeun, stereotip nu sering bias. conto, bangsa endosya pemalas, cek walanda. eta make kacamata walanda, nu biasa hirup susah di iklimna nu sok ngalaman musim tiis jeung kaayaan alamna nu butut, katambah harita urang aya di alam penjajahan.
cek saha urang sunda pemalas? hudang geura janari. terus indit ka pasar induk atawa pasar tradisional. ibu2 ngagelar dagangan sayuran jeung sajabana janari, keur meumeujeuhna batur kerek. tahajud ka pangeran ku cara ibadah muamalah. rada jauh ti pikiran fatalis zaim atawa babaturanana, sabenerna loba oge nu neangan sarupaning 'energi' atawa modal mental ka jero tiap seler bangsa. cek basa gaya mah, geiius loci atawa local genius tea atawa kaarifan lokal. hanjakal zaim teu noong ka dinya, ka modal nu sifatna tulang sumsum tiap seler. conto sejen mah, Bali payu jadi tempat wisata dunya, sabab kitu kaayanana, budaya nu make dasar agama hindu nembrak. mun disulap jadi modern siga amrik, turis moal datang. sabab ciri lokalna euweuh. cek si kuring mah, pikiran zaim masih dina kerangkeng kolonialis. ngamajukeun bangsa hadena mah kucara noong adat nu potensial di unggal seler, eta dibina atawa diipuk jeung diceboran sangkan mekar. teu kudu diseragamkeun, da endonesya teh diwangun ku bhineka tea. loba kelir, seler bangsa katut budayana. urang sunda boga mental loyal ka pamingpin, utamana kaum menak atawa priyayinya-komo ayeuna make dasar nasionalismeu. eta mental kitu lahir kusabab seubeuh dijajah walanda jeung mataram. adat percaya diri salaku ciri khas masyarakat ngahuma geus kakeueum ku mental dijajah nu opat ratusan taun. conto ti bah Willy mah, pangeran kornel ti sumedang. sanajan kungsi nembongkeun sikep sangar ka Daendels, manehna angger nyarita yen baris tetep satia ka pamerentah walanda, basa harita kakuasaan hindia belanda ragrag ka inggris, da belandana di eropa harita eleh perang jeung inggris. ieu conto loyalna urang sunda. dalah Ali Sadikin oge, gupernur DKI pangkasohorna, gawe sataker kebek oge dina raraga loyal ka nagara atawa kaci disebut ka Bung Karno nu geus neundeun kapercayaan ka manehna. kapercayaan nu dibikeun ka urang sunda, baheula meureun, jadi modal pikeun gawe sahade-hadena. ayeuna mah meureun rada dibarengan ku korupsi, lain pedah urang sunda watekna kitu, tapi da meureun kabawa arus. keur usumna kitu, jaba loba sistem nu saolah-olah cara korupsi kitu teh legal atawa halal sabab diatur ku sistem. urang wetan, cek Jakob Sumardjo mah bangsa penakluk. pedah eta meureun jaman majapahit tea nu nguasa saantero nusantara kecuali sunda, jeung ayeuna aya dimana-mana di nusantara. urang sunda mah lain bangsa penakluk. tapi justru bangsa nu ngajauhan sikep kitu. tapi beh dieu, hipotesis Profesor Jakob Sumedjo cek kuring mah rada pareum: mental penakluk urang wetan eta gening teu laas, keok oge ku londo, utamana di kalangan priyayina. malah lobana urang wetan di deli, di suriname, jeung dimana-mana di nusantara, salah sahiji carana alatan diangkut ku walanda jadi kuli perkebunan! kuduna noong sipat2 nu potensial pikeun kamajuan bangsa mah. siga urang aceh nu lila nyerahna ka walanda, kitu oge sanggeus snock hugronye, dibantuan datana ku haji hasan mustapa nu harita jadi kepala panghulu di aceh, nalungtik adat suradat urang aceh. nepi ka kamari adat urang aceh masih keneh aya jeung kuat, kari makena atawa nyalurkeunana luyu jeung kabutuhan nagara. jeung bariga oge, kondisi ayeuna teh lain ngan ukur pangaruh adat goreng dua seler sunda jawa, tapi geus kapangaruhan atawa kakiruhan ku mangrupa-rupa pangaruh sejen. saperti seler cina nu ayeuna ngadominasi ekonomi endonesya. tangtu cara2 hirup maranehna mere pangaruh gede, oge pangaruh ti luar, kaasup elmu nu disuprih ku para birokrat atawa teknokrat nu nyieun masterplan ieu nagara. siga mafia berkeley, widjojo nitisastro, ali wardhana, jeung sajabana nu diajar ekonomina di berkeley amrik, nu dasarna kapitalis, katambah oge ku mangrupa-rupa ideologi ti luar. Pancasila n jadi dadasar nagara, kudu jadi dasar mangrupa-rupa teori jeung sistem ekonomi oge kahirupan nu geus kiruh alatan pangaruh ti luar jeung hasil pacampur adat tiap seler. nepi ka 'someah hade ka semah' nu dianggap salah sahiji watek urang sunda digarugat, cenah mah geus teu luyu jeung zaman. gara2 eta, urang sunda kasisih. ajaran karuhun nu jadi dadasar hirup urang, disaralahkeun. piraku urang sunda kudu jadi barangasan bin preman kabeh? haha. ongkoh kabiasaan ayeuna nu sok instan, nerjemahkeun paribasa atawa ajaran karuhun sok sapotong-potong, ngan palebah dinyana. padahal sikep kitu ngandung harti surti. urang someah lain sabab sieun, urang someah lain sabab keueung, tapi sabab urang ngarasa seler nu berbudaya atawa berperadaban nu geus umuran. lain bangsa barbar,jeung saterusna. tah, ka urang sunda nu ayeuna nyaraba, geus ngabuktikeun kakuatan mental urang sunda. teu eleh jeung teu kudu aya sahandapeun batur. geus heula, barudak rek perwalian. heuheu mj http://geocities.com/mangjamal

