"Fenomena" nu kieu teh ti baheula geus mineng kajadian
Kaahlian/kakayaan asli nagara miskin diaku/dipatenkeun ku nagara maju
jeung asana mah baheula ge geus aya ketakna pikeun "ngeureunan" nu kieu teh
nyaeta aya "INRIK" (mun teu salah) poho deui deuih papajangna tina naon
"INRIK" nu sakanyaho kuring pernah aya di UNPAD 
malah Kang Ganjar pisan nu pernah ngokolakeunana
duka ayeuna kumaha 
mun enya erek di"perjuangkeun" sigana bisa "menta pituduh" ka Kang Ganjar
maksudna sugan we nu baheula teh (=INRIK) enya soal hak "ngaku-ngaku"
mun tea mah lain ... bisa oge dipenta "pandanganana" soal ieu
sugan jeung sugan aya bongbolongan nu babari


Kang Iman
punten ka Kang Ganjar namina ka sabit-sabit



Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                     
Gggrrrhhh…ni geregeteun abdi mah maosna ge, Kang  Asep. Kamonesan bangsa urang 
diaku ku batur. Kumaha ieu teh? Sakudak-sakedik  dipatenkeun 
batur…sakedak-sakedik dipatenkeun batur… naha matenkeun teh mung  
sakedik-sakedik? Heheh…sakalian we atuh! (nyungkun heheh...)
  
 Aki Tams, satadinamah bade dilereskeun ku abdi,  mung abdi mah istri da teu 
tiasa dibendo…heheh. Sok atuh, seueur gegeden di  milis ieu, kedah kumaha 
piketakeunana?...Nyanggakeun.
  
 Ro2
  
 
>>> [EMAIL PROTECTED] 05/21/07 05:26PM  >>>

 Kumaha atuh narekahanana nya?, kumaha upami aki tams aya  pamadengan kieu, aku 
bae Msia teh bagian ti Sunda Besar, da puguh eta mah dina  peta anu 
dikaluarkeun ku PBB oge jelas kalebet gugusan eta? Cing kumaha reaksi  manehna, 
ieu mah mung heureuy, bongan ngaheurueyan, eh malah ngarebut ketang?  Tapi ah 
teu langkung anu dibendo we lah. Baktosna aki tams.

Asep  Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
 Deudeuh  teuing Kacapi Suling, ku Endonesa henteu pernah digembar-gembor ka 
mancanagara,  malah ku nagri deungeun dipintonkeun ka dunya internasional 
sabari henteu  dijelaskeun yen eta teh budaya Sunda.
                                    
 Wassalam,
 Asep
 
     
                       

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke