Poe jumaah, Kang Juhe ngahajakeun ulin ka Pantai Indah Kapuk, alatan
panasaran ku ceuk sakaol nu cenah imahna alagreng. Pas meneran nyanghareupan
wancina solat lohor, nyaeta kudu jumaahan tea, Kang Juha beuki gancang
ngiderna. Ku sabab masigit weleh teu kapanggih, manehna geuwat nanya ka
satpam nu kabeneran keur ngalangeu hareupeun pager hiji gedong sigrong.
"Kang, dupi masigit palih mana? Kabereg jumaahan, yeuh..." ceuk Kang Juhe.
"Tong boro rek jumaahan, gareja ge euweuh!!!" ceuk satpam bari ulak-ilik ka
Kang Juhe.

Garing, heuheuheu.... bae ah, pangalaman supirna dunungan...

On 5/22/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Waktu rek takbiratul ihram teh ki imam ngan ngucapkeun
ALLAHU wae, nyorakeun "Akbar"na lalaunan (bisi
disangka pro Golkar). Kitu oge waktu maca Alfatihah,
sora ki imam dileutikkeun waktu maca "arrachman"
(bisi disangka pro PKB). Pas maca "waladhdhaaliin", ki
imam heunteu neruskeun maca "Amin" (bisi disangka pro
PAN)..

Kirim email ke