Pamendak sim kuring, wewengkon ti Selat Sunda dugi ka walungan Brebes sareng
Ciserayu teh wewengkon Sunda. Karajaan anu ngawenku eta wewengkon
dikronologiskeun mah dikawitan ku Salakanagara, diteraskeun ku Tarumanagara
ditutup ku Karajaan Sunda (anu dina waktos caket runtagna disebat oge Pajajaran
ku urang Sunda). Anapon Galuh, ngan aya dina carita tradisi sapertos wawacan.
Ieu rujukan sual Galuh anu dicutat tina buku Kabudayaan Sunda Zaman Pajajaran
karya bapa Edi S. Ekadjati:
Dalam fragmen carita parahyangan digambarkan bahwa Galuh merupakan bawahan
Kerajaan Sunda (Pleyte, 1911; Darsa dkk., 1995).
Yang aneh dalam sumber kontemporer yang lainpenyebutan Galuh sebagai nama
kerajaan tidak didapatkan baik dalam prasasti maupun dalam naskah. Mengenai
kerajaan itu baru disebut-sebut lagi pada sumber tradisi.
Kumargi kitu sim kuring, dina ramat loka ngabagi krnologi karajaan-karajaan
Sunda:
- Salakanagara
- Tarumanagara
- Karaajaan Sunda
- Pajajaran
Kumargi dina carita parahyangan dianggap Galuh teh bagian Karajaan Sunda, sim
kuring nyelapkeun sakedik warta ngeunaan Galuh dina bab Karajaan Sunda sabage
bagian ti Karajaan Sunda anu misah teras ngahiji deui janten Kerajaan Sunda di
jaman Sri Baduga Maharaja sareng Bujangga Manik.
Henteu terang tah upami pamendak anu ngadamel artikel kerajaan kembar
Sunda-Galuh (kang Kumincir kitu?), jigana mah anjeunna mah sacara tegas ngabagi
karajaan di wewengkon Sunda janten dua bagian nyaeta karajaan Sunda sareng
karajaan Galuh anu dipisahkeun ku walungan Citarum.
Sanaos kitu, benten pamendak sual pembagian karajaan ieu ulah ngajantenkeun
bingung kumargi urang Karajaan Sunda sareng urang Karajaan Galuh sami-sami
urang Sunda. Kitu oge urang karajaan Sukapura, karajaan Saunggalah, sareng
karajaan-karajaan sanesna di tatar Sunda mangrupikeun bagian ti karajaaan
federasi Kerajaan Sunda.
Salamna,
Asep
firman raharja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: jadi
kapikiran....
nu disebut sunda ayeuna teh milu anu mana ?
da lamun nilik ka sajarahna mah sarua pan jeung jawa jeung sriwijaya
lamun dipisah-pisah nya kapisah oge sunda jeung galuh
atuh urang ciamis lain urang sunda ....
ah lilieuran we .....
Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Muhun, upami nyeratna dina basa Inggris kedah
ngangge kaedah DM kitu? sawangsulna upami nyeratna dina basa Indonesia/sunda
ngangge kaedah MD?
surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ari anu loma mah disebatkaeun nami bangsana heula
lajeng karajaan. upamina; British Kingdom, Ciesi
Kingdom, Roman Kingdom. nah kulantaran ieu sajarah
janten Sunda oge Bangsalah sanes saukur Etnis, janten
Sundanese Kingdom.
--- Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sumuhun, sae dialihkeun wae.
>
> kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Owh kitu... nya saupamina anu
> dimaksud teh langkung nujul ka karajaan2 Sunda, nya
> atuh gampil pisan tehnisna mah, ke urang cobi
> alihkeun ka Kingdoms of Sunda. Atawa Sundanese
> kingdoms sugan?
>
>
> On 5/21/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> Saayeunaeun, eta lahan teh dieusi ku sajarah
> karajaan-karajaan di Tatar Sunda kawit ti
> Salakanagara, Tarumanagara, Sunda (Sunda-Galuh) dugi
> ka Pajajaran. Mung penekanannana kana karajaan
> Sunda. Sareng samentawis karajaan Sunda
> ditarjamahkeun janten Kingdom of Sunda sajalan
> sareng nami URL-na. Tapi upami aya usulan karajaan
> Sunda ditarjamahkeun janten Sunda Kingdom atanapi
> singketna Sunda atanapi usulan sanesna, mangga teh
> teuing bade ditampi da gampil kantun ngaedit eusi
> eta kaca ramat.
>
> Atanapi kumaha upami nami URL di wikipedia dirobah
> naha urang gaduh kawenangan ngarobah namina. Upami
> tiasa mah, dirobah janten
> http://en.wikipedia.org/wiki/Kingdoms of Sunda.
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> TV dinner still cooling?
> Check out "Tonight's Picks" on Yahoo! TV.
__________________________________________________________
Never miss an email again!
Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives.
http://tools.search.yahoo.com/toolbar/features/mail/
---------------------------------
Be a better Heartthrob. Get better relationship answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Choose the right car based on your needs. Check out Yahoo! Autos new
Car Finder
tool.http://us.rd.yahoo.com/evt=48518/*http://autos.yahoo.com/carfinder/;_ylc=X3oDMTE3NWsyMDd2BF9TAzk3MTA3MDc2BHNlYwNtYWlsdGFncwRzbGsDY2FyLWZpbmRlcg--
hot CTA = Yahoo! Autos new Car Finder tool