Dina bukuna Ibu Suwarsih teh teu nyebatkeun, tapi raraosan mah langkung condong kana etnologi. Saleresna aya deui definisi sanesna sapertos ti Pa Saini KM, atanapi ti Abah Surya. Saur Pa Saini urang Sunda lain ngan lahir di Tatar Sunda tur boga indung bapa urang Sunda, tapi kudu boga kanyaho kana bab-bab Sunda malah intuitif. Upami Abah Surya mah ngabagi dua aya Sunda biologis aya Sunda budaya, biologis nya nu lahir ti indung bapa Sunda, sok sanajan teu apal bab-bab Sunda. Kumaha ari nu nalungtik perkara Sunda, samodel Win Van Zanten urang Belanda anu maher kana Cianjuran atanapi Mikihiro urang Jepang, atanapi Ben Zimmer urang Amerika, eta mah Sunda akademik, apalna kana bab Sunda keur kapentingan dirina, henteu intuitif.
MSas ----- Original Message ----- From: surtiwa surtiwa To: [email protected] Sent: Wednesday, May 23, 2007 6:18 AM Subject: Re: {Disarmed} [Urang Sunda] Mentalitas Jawa dan Sunda Ari ieu teh definisi budaya/sosial atawa etnologi ? --- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Atuh sementawis mah anggo we heula nu diserat ku Ibu > Suwarsih Warnaen dina buku Pandangan Hidup Orang > Sunda seperti yang tercermin dalam Tradisi Lisan dan > Sastra Sunda. Unina : > "Orang Sunda adalah mereka yang mengaku dirinya dan > diakui oleh orang lain sebagai orang Sunda. Orang > lain itu berupa baik orang Sunda sendiri maupun > orang yang bukan orang Sunda" > Urang Sunda nyaeta nu ngaku dirina urang Sunda jeung > diaku urang Sunda ku anu sejen. Nu sejen bisa bae > urang Sunda atawa nu lain urang Sunda. > > MSasmita > > > ----- Original Message ----- > From: Tatang Sariman > To: [email protected] > Sent: Tuesday, May 22, 2007 7:56 PM > Subject: Re: {Disarmed} [Urang Sunda] Mentalitas > Jawa dan Sunda > > > Ah ari mung ngangken nyalira mah, bahaya oge > sigahna, kumaha upami anu aya niat jahat, ngangken > urang sunda? Sawangsulna sanaos jahat misalna tapi > teu ngangken anjeuna urang sunda, ari buktos > karakteristikna anu tadi. teu tiasa ditolak. > Ngangken bari teu aya buktos, sanes dina widang > hukum yeuh, margi anu jahat we anu ekstrim, bujeng2 > teu aya buktos, sanaos aya oge teu kersaeun > ngangken. Pedah reueus ka sunda, teras bae ngangken > urang sunda, tiasa katohyan sigahna? > > Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > atawa cukup ku aakuan kitu ki? > > dh > > > On 5/22/07, Tatang Sariman > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Saderek Dudi, cobi atuh dipaluruh bae tina > ciri-cirina (karakteristikna) heula, engke > diruntuykeun didamel kalimah anu mangrupi hiji > waleran urang sunda teh saha. Unsur-unsurna: kedah > aya asalmuasal, turunan: indung bapana, aki-ninina, > uyut, jangawareng,sareng saterasna. Jirimna/Fisikna, > anu jigah urang sunda, sanes bule, teu sipit > misalna. Sakirang-kirangna uninga basa sunda, budaya > sunda. Sigahna ku tilu eta oge, nyaeta asal > katurunanana, jirimna/fisikna, sareng budayana, tos > tiasa didamel waleran dina wujud kalimah anu > lengkep. > > > Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com> > wrote: > enya atuh da pertanyaan 'saha urang sunda?' > can pernah kajawab nepi ka ayeuna.... > > dh > > > On 5/22/07, Ukay Karyadi < > [EMAIL PROTECTED]> wrote: > Pak Kusmayanto Kadiman sareng Pak Anton > Apriyanto namina siga urang jawanya? :) > Pak Hasan Wirayuda mun teu lepat urang > betawi kalahirang Tangerang > > > _,___ > > > > -- > dh > ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ > :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: > datiparang.blog.com . deha.wordpress.com > > > > > ---------------------------------------------------------- > Be a better Heartthrob. Get better relationship > answers from someone who knows. > Yahoo! Answers - Check it out. > > > __________________________________________________________Building a website is a piece of cake. Yahoo! Small Business gives you all the tools to get online. http://smallbusiness.yahoo.com/webhosting

