Basa libur panjang minggu kamari, kuring sakulawarga ulin ka Yogya. Ulin teh pedah we aya nu ngondang, bibina Pamajikan nu di Yogya hayang kaanjangan, pedah carogena pindah dines ka Yogya. Nu diondang kulawarga pamajikan (lanceuk jeung adi), nu jumlahna 12 urang, mangkaning kabeh geus rimbitan. Untungna teh nu ngilu piknik teu kabeh, ukur 25 urang, jadi bisa nyarter beus tilu-parapat, da lamun ngilu kabeh mah kudu beus gede, da jumlahna leuwih ti 50 urang!
Teu dicaritakeun di jalanna, tepi weh ka Yogya. Poe kahiji di Yogya dibawa piknik ka Prambanan jeung ka Basisir Gunung kidul (basisir Baron), ngan hanjakal da pas ombak gede pisan (aya wartana dina koran oge). Baroraah resep, sieun we ningali ombak nu sakitu gedena tingjelegur nabrak basisir. Sorena ulin ka Marlioboro, ieu oge keur kuring mah teu pikaresepeun, maklum geus sering kadinya, ngan pamajikan nu resep, bula-beuli, meakeun duit wungkul. Peutingna ngumpul di imah bibi. Teuing timana mimitina aya usulan kumaha lamun ka Imogiri, makam sultan-sultan Mataram. Kuring rada ngahuleng, sabab kungsi maca, cenah lamun rek ka makam Imogiri kudu naek tetecean nu jumlah 1000. Walah kabayang capena, meureun tepi ka luhur teh ngajoprak, cape. Kahariwang kuring sirna, waktu si Oom (carogena Bibi, manehna asli urang Yogya) ngajamin mobil bisa tepi ka deukeut kompleks makam, teu kudu haruhah-harehoh ti handap keneh. Nya isukna ngajujug Imogiri. Bener we mobil beus teh asup lain kana panto nu biasa keur pengunjung, ieu mah asup kana jalan khusus. Ceuk beja mah cenah jalan ieu teh khusus keur tamu khusus (Hahaha kuring jadi jalma khusus). Jalanna teh netek pisan, beus ge ampir rek mundur deui. Tepi weh ka mumunggang pasir. Sarerea turun, terus nuju pintu gerbang nu aya tulisan PB jeung huruf Jawa. Bring arasup ngaliwatan gerbang ieu. Barang tepi ka jero, kuring ningali loba panto jeung tetecean, diluhureun panto-panto aya tulisan, ngan teu ngarti da huruf jawa. Kabeneran aya aki-aki make blankon jeung baju adat jawa, kuring nanyakeun mana makam para Sultan teh. Eta cenah asup ngaliwatan panto-panto eta. Makam-makam nu pas asup ieu, makam-makam Sultan ti Paku Buwono (Solo), umpama makam Sultan Yogya mah kudu terus leumpang deui. Makam Sultan asal Solo mah, poe Saptu tutup, teu bisa dilongok. Aya nu jualan buku leutik, judulna teh "Pasarean Imogiri". Kuring meuli da ngan 1000 perak. Dibaca saliwatan ..... kuring ngagebeg, waktu maca yen Sultan Agung teh makamna di Imogiri. Jadi kuring aya di deukeut makam Sultan pangawasa Pulo Jawa di abad ka 17. Sultan nu kungsi nyerebu Batavia, Sultan nu kakawasaanana tepi ka Priangan jeung nu ngirim bala tantara ka Priangan keur ngudag-ngudag DIpati Ukur nu barontak. Gara-gara Sultan Agung oge ..... basa Sunda Priangan make undak-unduk basa nurutan basa Jawa. [Ke disambung deui .....] Baktos, WALUYA

