Juragan koran ieu  nganilai basa Sunda leuwih ti boso Jowo dina sababaraha 
hal, contona dina kalimah "Basa ahad lawas ,Brad ngala kalapa, aya randa 
ngampar samak lan lalangkarakan tanpa calana, gancang ka handap, walah  ragrag 
kana cadas ngampar!" Cenah dina basa Jawa teu bisa nyieun kalimah panjang 
saperti kitu. 
   
  Teuing make jurus teuing elmu  "uthak-athik Jowo" si pa Haji ieu kantos 
madungdengkeun paribasa nu unina " caina herang laukna beunang". Anjeuna 
keukeuh yen nu bener mah "laukna beunang caina herang". Tapi tetep teu mental 
alias neungar cadas, da urang Sunda karyawanna oge teu unggut kalinduan teu 
gedag ka anginan sanajan  alesan sederhana. "Da ieu mah paribasa, jadi teu 
gampang ngarobahna!" Perenah kaseureud pa Ajip waktu mimpin redaksi hiji koran 
basa Sunda, "pantesan we da pamingpinna oge urang Jawa-Jawa Acan", nu 
dihartikeun jadi urang Jawa oge acan! Padahal hartina nu benerna pan urang Jawa 
pituin.
   
  Namanya saja yang Jawa!
  buku semi otobiografi H. Soeharmono Tjitrosoewarno
  Dewan Komisaris Pikiran Rakyat.
   
  Naon hubunganana jeung falsafah  kumaha engke atawa engke kumaha? Teuing 
atuh, naha urang Sunda teu bogaeun carangka pikeun tilam engke? Naha UJ wungkul 
nu boga engke kumaha teh? Euyeub oge meureun tapi kuring mah can sawawa we 
neuleumanana.
   
   
  siporenges
  lauk buruk milu mijah

  Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          pangalaman simkuring:
gara-gara teu nerapkeun filosofi 'kumaha engke' nepi ka ayeuna sieun kawin... 
,,mun ayeuna wawanian kawin, engke kumaha?" cek si pipikiran... mun kieu uing 
masih urang sunda? atawa geus bisa ngaku urang jawa? 

;)

dh
ditodong=ditunjuk irung?

  On 5/23/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:             
  Bade nyarios basa Sunda gaya Bogor nya kang. Kieu yeuh lalakon pribados teh:
                  
  Sabulan katukang kuring dipenta dunungan maturan manehna anu rek presentasi 
di Gedong Bidakara dina hiji acara workshop anu dikoordinir ku ITB. Sacundukna 
ka tempat workshop, ari pek teh ngadadak dunungan teh bolay henteu jadi 
presentasi. Terus manehna nitah kuring ngaganti pikeun presentasi. Jantung 
ngadadak dag dig dug lantaran ngadadak ditodong (naon tah basa Sunda na?) jeung 
tanpa persiapan saacanna deuih. (Cutatan: kuring tipe perfeksionis, sagala hal 
kudu aya persiapan heula). 
   



,___ 




-- 
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com   

         

       
---------------------------------
Get the free Yahoo! toolbar and rest assured with the added security of spyware 
protection. 

Kirim email ke