ceuk buku PANCAKAKI kumpulan esey kang Ajip Rosidi, dumasar kana watek cara hirup nu ngahuma, urang Sunda teh sabenerna mah boga Percaya Diri nu luhur. enya ari kitu na mah, hirup pajauh jeung batur, di huma/kebon, mun teu percaya diri teh komo beurangan, teuing kumaha, di hakan maung meureun.
hanjakal cenah, eta adat teh kakeueum ku panjajahan kolonial walanda 300an taun jeung mataram 100an taun. carana sangkan bisa hudang deui PD eta, bisa ku cara nyaba, incah ti lembur. mental survive baris hudang. sanajan atas perintah PANGAB saur Aa Misan mah (maksudna pangabutuh). haha. nu ngumbara boga jurus matih warisan karuhun, teuneung ludeung tandang makalangan, sima aing sima man, eh salah, sima maung! persib eta mah. -- geocities.com/mangjamal

