Kahatur Miliser Kusnét dimana waé ayana, Sim kuring minangka Kuncén, seja ngémutkeun sarupaning hal2 ngeunaan mosting / ngintun imél ka Milis Kusnét :
- Miliser anu statusna masih di moderat, upami tos mosting tapi teu acan mucunghul, wayahna sing sabar. Tong hayeuh wae ngintun.. nepi ka murudul, kumargi bisi wé kuncén-na nuju ka-cai atawa nuju nundutan, atawa tanggung keur ngorongna can bérés, jadi teu enggal2 nga-approve éta postingan. - Mosting anu teu aya patula-patalina sareng kasundaan atanapi anu teu aya mangpaat sareng bipaatna, komo bari nangkodkeun gambar atawa file mah...saé na mah ulah.. karunya anu koneksi internétna ngeteyep. saperluna baé nya ! - Pami mosting, postingan saméméhna cik atuh teukteuk heula, sésakeun anu saperluna baé. Tong ngambai, ngagebai komo bari ngacai.. - Postingan anu sipatna ditujukeun ka pribadi, wayahna mun tiasa mah ngalangkungan jalur pribadi baé, komo mun ngajak paséa mah.. - Ulah mosting anu jiga ceting, sauted-sauted.. mun kitu mendingan ajakan céting wé make Yahoo Messenger.. - Ka anggota milis anyar, upami nepangkeun wayahna sing jéntré, Nami na saha, kawitna timana, ayeuna dumukna jeung damelna dimana. bari nyebut istri atawa pamegetna. Tong ngaku pameget mun istri.. kitu deui sabalikna, tong ngaku2 istri mun jalu.. sakitu we ah.. -dul- tukang teuing - Kuncen #8

