Kango kang dani,
Muhun mangga we eta mah sikep individu sewang-sewangan salaku urang islam
(muslim) teu sawios-wios da tangtos dijamin ku sistem pulitik di alam demokrasi
mah, namung maksad abdi mah dina konteks nagara sareng bangsa nu majemuk komo
bari jeung hoyong ngajalankeun demokrasi tea nya wayahna we kedah nampi
kamajemukan nu aya boh agama boh etnis oge hal-hal nu sanesna... tah saupamina
urang islam pamadeganna sapertos kang dani kitu teras ngalangkungan proses nu
demokratis tea milih pamingpin nu saagami... nya eta mah kedah ditampi ku sakum
warga bangsa ieu... kitu pamaksadan sim kuring mah.... konstitusi nagara bangsa
urang pan ayeuna mah tos ngajamin eta sadaya sok sanaos masih ngawatesanan
umpamana dina agama ayeuna pan tos nambihan kong hu cu janten resmi diaku ku
nagara, di luar eta masih teu acan... cag
"Waluya, Dani R" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten kang Dede sareng kang Asep ari simkuring gaduh pamadegan
sanes ; pami nu gaduh kompetensi sareng kemampuan eta tangtos penting kanggo
saha2 bae anu tiasa mingpin, tapi lamun agama nu sanes selain anu ngagem muslim
kirang panuju kumargi tinu al'quran ayat dihandap dijelaskeun (punten teu
disundakeun) :
"Hai orang orang yg beriman, janganlah kamu mengambil orang-orang Yahudi &
Nasrani menjadi pemimpin2mu; sebagian mereka adalah pemimpin bagi sebagian yg
lain. Siapa saja diantara kamu yg mengambil mereka menjadi pemimpin
sesungguhnya orang itu termasuk golongan mrk......(al-Maidah 51-52). sareng
ayat :
"Janganlah org-org mu'min mengambil org2 kafir menjadi wali (pemimpin) dengan
meninggalkan org2 mu'min lainnya....
(Ali-Imran:28).
sakali deui punten paralun sanes wantun mamatahan ngojay ka meri...intina
lamun hoyong aya nu tiasa mingpin endonesia supados maju, milih-na nu sidiq,
amanah, istiqomah sapertos kanjeng nabi SAW...
Hatur Nuhun, pun
.:Dani®Waluya:.
sampaikanwalausatuayat
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Asep
Hadiyana
Sent: Thursday, May 24, 2007 9:26 AM
To: [email protected]; [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Fwd: Re: Mentalitas Jawa dan Sunda
Tah eui anu paling nomer hiji mah. 100% satuju sareng kang Dede. Nomer dua
kompetensi sareng nu sanesna.
Asep
dede mariana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
baraya,
Mun Indonesia hoyong maju, cobian we pingpin ku saha wae etnikna boh cina,
jawa, sunda, bugis, aceh, pokona mah sekeseler naon wae+agama/kapercayaanna
naon wae... nu penting patuh hukum, patuh mayar pajak, jeung teu boga niat2
acan pikeun korupsi.... komo ngalakukeunna mah... he2...
dmar
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahatur Bapa Oman,
Sae pisan pedaran pa Oman teh. Kumaha upami dikintunkeun ka Republika sabage
tanggapan kanggo tulisan Zaim.
Baktos,
Asep
Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: --- In
[email protected], "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
Baraya,
Pamadegan Mas Zaim Uchrowi (mun teu salah, Zaim nu ieu teh nya Zaim
wartawan anu lumayan sohor, asana masih di majalah "Tempo"), sabagean
aya benerna, sabagean deui loba salahna. Sacara umum, tulisan
stereotip jiga anu ditulis Zaim di harian "Republika" memang uduh
pisan pikeun dikiritik balik, nyakompetdaunkeun, jeung mere
lolongkrang gede pikeun "debat" kusir.
Benerna, sabagean masyarakat Sunda, sakumaha umum anu mindeng
kapanggih dina kahirupan sapopoe, memang mindeng ngalarapkeun rumusan
hirup "kumaha engke". Hartina, tara pati nyieun rencana
pikahareupeun. Tapi, upama aya panalungtikan statistik, can tangtu
mayoritas Urang Sunda siga kitu.
Salahna? Zaim henteu ngadadarkeun sajarah anu saestuna, yen,
mataholangna, persatuan bangsa Indonesia ti baheula nepi ka ayeuna,
loba disumbangrojong ku Urang Sunda. Zaim henteu nalungtik (atawa teu
kungsi maca?) yen ti jaman memeh datang pangjajah Walanda, bangsa
Sunda geus kawentar salaku bangsa anu cinta damai alias micinta
katengtreman hirup.
Nalika Sriwijaya jeung karajaan2 di Jawa (utaman Jawa Timur) keur
meujeuhna palega-lega kakawasaan, nepi ka mindeng parasea, raja-raja
Sunda mah teu kabita miluan papasean pikeun udagan anu dareet model
kitu. Bisa dibayangkeun lamun harita raja-raja Sunda (nya tangtuna
rahayat SUnda oge), pipilueun, sigana moal aya Nusantara, anu hartina
moal aya cikal bakal bangsa Indonesia.
Dina jaman perjoangan kamerdekaan, greliya jeung revolusi
kamerdekaan, sakabeh rahayat Indonesia anu jujur pasti ngaku kana
gedena pancen Urang Sunda. Divisi Siliwangi harita sakitu
kakoncarana. Kajadian2 saperti "barontakna" KH Zainal Mustofa di
Singaparna, Tasikmalaya ka pangjajah Jepang geus ngailhaman Supriadi
di Blitar jeung pahlawan-pahlawan sejenna pikeun baruntak anu sarua.
Kajadian pertempuran anu teu saimbang di Bojongkokosan, Sukabumi,
ngalawan tangtara KNIL anu nangkod ka tangtara Sekutu jadi kayakinan
sababaraha urang sajarawan yen eta kajadian teh leuwih ronglah
tinimbang kajadian 10 November 1945 di Surabaya, boh dina sumanget
bakorban keur lemah cai oge manfaatna keur rahayat Indonesoa
sagemblengna.
Eta anu dipedar di luhur teh keur nyaimbangkeun informasi ti Zaim
wae, lain keur agul ku payung butut. Itung-itung ngelingan ngojay ka
meri, hampura lamun aya wanda siga anu ngebrehkeun jasa Urang Sunda.
Palias, lain eta paniatan mah.
Hanjakal Zaim oge teu medar "pameo" anu sumebar di sabagean
masyarakat. Yen, ceuk cenah, bangsa Indonesia lamun hayang maju kudu
dipimpin (baca: sabagean gede ti rengrengan kabinet, utamana posisi-
posisi anu pararenting) ku wakil-wakil pinunjul ti tilu suku di
Nusantara ieu. Anu tilu teh nyaeta: Suku Sunda, Bugis jeung Aceh
(hapunten, suku Jawa, suku asalna Zaim - mun teu salah mah - teu
disebut-sebut dina eta pameo teh).
Tangtu wae, lain person-person anu dituju ku eta pameo teh, tapi
karakter. Yen aya karakter-karakter anu hade di suku-suku Sunda,
Bugis jeung Aceh anu lamun dihijikeun teh bisa mawa bangsa Indonesia
ngahontal kajayaanana. Anapon insanna mah, ceuk rarasaan jeung
pipikiran, asa teu kudu dipatok ti 3 suku tadi. Alias, timana wae ari
karakterna hade keur mimpin bangsa mah bagea teh teuing. Nya ari
karakter anu teu hade mah, komo anu matak ngabalangsakkeun bangsa
mah, talapung wae.
Naon wae karater anu hade anu bisa direvitalisasi di eta 3 suku di
Indonesia teh? Ceuk cenah, Urang Sunda boga kamampuan diplomasi anu
hade tur salawasna cinta damai, mayunkeun katengtreman (emut kajadian
taun 1999? apan relatif teu aya huru-hara nanaon di wewengkon Sunda
mah dibanding jeung wewenglon-wewengkona sejenna di sakuliah
Nusantara anu sakitu ngagolakna). Ceuk cenah oge, urang Bugis parigel
jeung lebar wawanen dina unak-anik bisnis. Sajarah jeung kanyataan
ayeuna di Jakarta, upamana, ngabuktikeun hal ieu. Ari Aceh?
Heuheuheu, apan suku eta mah kawentar wanian perang. Emut perjuangan
rahayat Aceh? Walanda meh kawalahan dina naklukeun suku bangsa Aceh.
Atuh GAM, nepi ka anyar keneh mah apan sakitu rongkahna perlawananana
ka Pamarentah resmi NKRI.
Kumaha ngahudangkeun deui eta karakter-karakter anu hade pikeun
kamajuan kumna bangsa Indonesia jeung sumbangan kana perdamaian
internasional. Sunda boga Sanghiyang Siksa Kandag Karesian, Amanah
Galunggung, jeung puluhan naskah-naskah kuno jeung prasasti-prasasti
anu ngandung pipikiran sakitu majuna. Bugis boga La Galigo anu oge
pinuh ku pikiran keur kamajuan (bari jeung teu kudu nyieun tingkah
laku dzolim). Atuh pon kitu keneh, di masyarakat Aceh oge tangtu aya
anu sarupa kitu. Oge di suku-suku sejenna di sakuliah Nusantara. Anu
diperlukeun ayeuna, taya lian ti lebar dada jeung wawanen pikeun
ngarevitalisasi kabudayaan urang lebah bagean anu pinunjulna keur
kamajuan sarerea.
Nuturkeun kang Chaedar Al Wasilah (doktor ahli basa ti UPI, Bandung,
asli urang Cicalengka-Garut, Bandung), revitalisasi budaya sarupa
kitu merlukeun 3 syarat. Anu tilu teh: mahamkeun ajen-inajen poko
(anu tangtuna oge universal tur luhur) kalawan jero, ngamasyaratkeun
hasil eta papahaman (perencanaan sosial atawa perencanaan bersama),
jeung nyieun kreativitas budaya. Tah, anu tilu ieu teh kunaon henteu
diringkelkeun jadi umbul-umbul visi jeung misi nepi ka program
pangwagunan tiap daerah luyu jeung ajen inajen poko masing-masing
daerahna?
Hanjaka Zaim teu medar nepi ka revitalisasi budaya. Tapi, ketang,
memang moal bisa dina tulisan pondok kudu ngadadarkeun perkara ngali
jeung ngarevitalisasi ajen-inajen poko tiap (suku) bangsa mah. Anu
bisa dijagragkeun dina kolom singet model kitu, lamun niat, nya
tulisan provokatif model kitu wae. Mudah-mudahan wae paniatan Zaim
teh estuning keur ngahudangkeun ieu bangsa - anu ceuk MH Ainun Nadjib
tea mah - keur sare.
Cag.
baktosna,
manAR
--- In [email protected], Rispianda <indraade@> wrote:
>
> Salam ka saderek sadayana
>
> Sim kuring kaleresan dikirim rerencangan artikel nu aya di
republika perkawis mentalitas jawa sareng sunda. Abdi salaku urang
sunda asli rada "kaseureud" yeeuh. Sapertosna nu nulisna asa
ngagudahan pandangan negatif ka urang teh. Punten, sanes bade
mamanas, tapi hoyong nginformasikeun yen masih aya masyarakt nu sok
nganggap goreng orang sunda. Cik, hoyong terang kumaha komentar
baraya.
>
> Baktos,
> Rispi
>
>
> Mentalitas Jawa dan Sunda
> ( Zaim Uchrowi )
>
> ''Indonesia sulit maju,'' kata seorang teman. ''Kenapa?'' tanya
saya. ''Sebab, lebih dari 70 persen penduduknya adalah Jawa dan
Sunda,'' jawabnya. Saya ternganga, sampai ia menjelaskan lebih lanjut.
> Menurutnya, mentalitas orang Jawa dan orang Sunda bukan mentalitas
orang yang siap maju. Hal itu terlihat dari ungkapan yang banyak
dipakai orang-orang dari kedua suku ini. Orang-orang Jawa disebutnya
sering menyebut kata ''nek'' atau ''gek'', yang berarti ''kalau''
sebagai sebuah pengandaian tentang sesuatu yang mungkin terjadi di
masa depan. Orang Jawa sering mengucap ''nek ngono mengko
piye ...'', ''nek ngene mengko piye ...'' yang berarti ''kalau begitu
nanti bagaimana...'', ''kalau begini nanti bagaimana....''
> Orang-orang Jawa berpikir begitu panjang. Seluruh kemungkinan di
masa depan telah dipikirkan dari sekarang. Pada satu sisi, hal
tersebut baik. Banyak persoalan telah diantisipasi jauh hari
menyangkut akibat yang mungkin terjadi. Dengan demikian, jika akibat
itu benar terjadi, mereka telah siap untuk menghadapinya.
> Namun, di sisi lain, banyaknya kemungkinan yang dipikirkan di masa
depan sering membuat takut melangkah. Ibarat seorang tak punya rumah
yang tak kunjung punya rumah karena takut memikirkan kemungkinannya
di masa depan. Bagaimana kalau gentingnya bocor, bagaimana kalau ada
pencuri, apalagi kalau rumah itu habis terbakar. Begitu banyak
kemungkinan yang dipikirkan hingga orang itu tak berani melangkah
untuk punya rumah.
> Sikap itu tampak dalam kehidupan sehari-hari. Sebagian besar orang
Jawa pasrah pada keadaan yang dimilikinya. Mereka tidak akan berusaha
keras mengejar sesuatu karena kalau gagal akan terasa sangat
menyakitkan. Mereka tidak siap gagal. Akibatnya, pencapaian rata-rata
orang Jawa kalah bila dibanding etnis lainnya. Misalnya dengan rata-
rata pencapaian orang Batak, apalagi dengan keturunan Tionghoa.
> Orang Jawa tak mau berbuat keliru, dan sangat khawatir keliru. Itu
membuat komunikasi orang Jawa tidak baik. Orang Jawa tidak pandai
mengekspresikan perasaan sendiri, apalagi kalau harus mengatakan
tidak. ''Bagaimana nanti kalau orangnya tersinggung.'' Kalimat
demikian banyak diucapkan. Orang Jawa menuntut orang lain paham
bahasa isyarat. Kalau terpaksa harus mengomentari orang lain, paling
dengan cara menyindir. ''Jadi, bagaimana orang Jawa bisa maju?''
> Sebaliknya, orang Sunda cenderung malas berpikir panjang. Istilah
yang banyak dikatakan adalah, ''kumaha engke ...'' yang
berarti ''bagaimana nanti ....'' Jalani dan nikmati hidup seadanya
seperti air mengalir yang akan menemukan jalannya sendiri tanpa perlu
diatur-atur. Ingin sekolah ya sekolah, ingin main ya main, ingin
kerja ya cari kerja kalau dapat. Kalau tidak dapat ya sudah, ''can
nasib'' atau ''belum nasibnya''.
> Nanti cari lagi. Ada uang, nikmati saja sepuasnya. Uang habis tidak
apa-apa. Usaha lagi seperlunya, atau minta bantuan saudara. Tidak
berhasil tidak apa-apa. ''Can nasib.'' Ingin kawin, ya kawin saja
biar pun pekerjaan belum mapan, penghasilan juga pas-pasan. Ingin
kawin lagi, ya kawin lagi saja. Kan boleh dalam agama. Anak banyak,
bermunculan saban dua tahun, tidak apa-apa. Tak perlu ada kesiapan
buat merencanakan masa depannya. ''Kumaha Gusti wae ....'' Terserah
Tuhan sajalah. ''Jadi, bagaimana orang Sunda bisa maju?''
> Dengan mentalitas begitu, kemiskinan Jawa yang sangat besar tak
kunjung berkurang. Sedangkan kemiskinan Sunda (serta Banten dan
Betawi sebagai kerabatnya) terus membesar dengan kecepatan luar
biasa. Anehnya, kita menganggap fenomena itu fenomena biasa, dan
kadang malah menganggapnya sebagai sikap pasrah pada Allah SWT sesuai
tuntunan agama. Padahal, ''pasrah pada nasib'' sangat berbeda
dengan ''pasrah pada Allah''.
> Pasrah pada Allah SWT adalah membuat perencanaan hidup sebaik-
baiknya, bekerja keras untuk mewujudkan perencanaan itu, serta selalu
optimistis terhadap hasil yang akan diberikan Tuhan pada kita.
Reshuffle kabinet boleh-boleh saja. Tapi, bila sungguh-sungguh ingin
membuat bangsa ini dan bangkit sesuai semangat Hari Kebangkitan
Nasional, rombak dulu mentalitas bangsa ini secara revolusioner.
Untuk itu perlu revolusi mentalitas orang Jawa dan Sunda sebagai
mayoritas penduduk bangsa ini.
> http://www.republika.co.id
>
>
>
>
__________________________________________________________
______________Give spam the boot. Take control with tough spam
protection in the all-new Yahoo! Mail Beta.
> http://advision.webevents.yahoo.com/mailbeta/newmail_html.html
>
--- End forwarded message ---
---------------------------------
Need Mail bonding?
Go to the Yahoo! Mail Q&A for great tips from Yahoo! Answers users.
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
---------------------------------
Need a vacation? Get great deals to amazing places on Yahoo! Travel.
---------------------------------
This message (including any attachments) is only for the use of the person(s)
for whom it is intended. It may contain Mattel confidential, proprietary and/or
trade secret information. If you are not the intended recipient, you should not
copy, distribute or use this information for any purpose, and you should delete
this message and inform the sender immediately.
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com